Rabu, 27 Juni 2012

"Voucher"



Si abah nyangka Voucher pulsa teh siga lotre, jadi digosok meh katingali nomerna, lamun sarua jeung nomer hape na, bakal meunang pulsa hadiahna... hahahahaha... :p


Sabulang bentor:

Taun 1980-an, waktu kuring keur leutik keneh, di Indonesia aya nu disebut PORKAS jeung SDSB, eta 2 hal teh mangrupakeun Lotre atawa Undian nu di embel-embelan kecap "Sumbangan", nu hadiahna luar-biasa gedena keur waktu harita (najan waktu ayeuna ge, duit sakitu teh GEDE we keur ukuran kuring mah), nu hiji hadiahna 100 juta, nu hiji hadiahna 1 Milyar... Garila apanan tah?

Loba nu nyebut PORKAS (asal kecapna tina ForeCast nu hartina Ramalan atawa perkiraan) atawa kadieunakeun mah disebut KSOB (Kupon Sumbangan Olahraga Berhadiah) jeung SDSB (Sumbangan Dana Sosial Berhadiah) teh JUDI, tapi teu saeutik jalma nu ngabelaan yen PORKAS jeung SDSB teh beda jauh jeung JUDI. Naon sababna maranehna ngabelaan? Sabab nya tadi tea, kulantaran diembel-embelan kecap "SUMBANGAN", jadi cenah duit nu kakumpul tina pangjualan kupon teh, dipake "NYUMBANG" keur kamajuan Olahraga jeung Sosial.

Dina hiji tulisan, kuring maca yen duit nu kakumpul tina pangjualan teh bisa nepika puluhan nepika ratusan Milyar. Garila nya? Ngan nu jadi pertanyaan kuring ayeuna, KAMARANA ETA DUIT TEH? Perkara bener disumbangkeun atawa henteu na mah, saeutik nu nyaho, lantaran jaman harita mah, Informasi teh mangrupakeun barang mahal, jeung ngan saukur jelema nu nyakola hungkul nu perluna, ari samodel jelema kampung mah, meuli korang salambar teh, lebar kacida, radio oge batrena geus beak, dipoekeun we sapoe jeput, meh ke peuting bisa disada deui, keur saukur ngadengekeun dongeng Sunda.

Balik deui ka masalah JUDI atawa henteuna eta PORKAS jeung SDSB, kalangan ulama negeskeun, yen lamun jelema rek nyumbang, teu kudu ngarepkeun imbalan, komo hadiah nu gedena ratusan Juta nepika Milyar. Nyumbang mang nyumbang we, teu kudu meuli kupon, tah loba keneh nu nalamprak dijalan, neangan duit keur dahar anakna, da jaman harita mah, nu menta-menta teh tara mawa budak leutik, estu bener-bener usaha najan ukur menta, tapi teu make budak leutik nu dijadikeun modal meh kararunyaeun jiga jaman ayeuna, malahan ayeuna mah, budak leutik teh disewakeun ka nu menta-menta, Garila apanan tah?

Nu jelas mah, jelema jaman harita, loba nu ngimpi jadi jutawan ku cara anu kilat, anu akibatna, loba tempat-tempat nu ngadadak karamat, dijadikeun tempat neang wangsit, loba nu gelo jadi selebritis jeung loba jelema ngadadak sakti, da bisa neguh angka nu bakal kaluar. Nepika budak leutik nu teu nyaho nanaon ge, pirajeunan sok ditanya nomer... Garila apanan tah?

Jaman ayeuna, tehnologi geus beuki maju, masih aya keneh JUDI model kitu, lolobana mah make sarana SMS PREMIUM, contona dina siaran langsung SepakBola dina TV, jelema dibibita ku hadiah ti mimiti mobil panganyarna, imah gedong sigrong, duit ratusan juta, atawa barang barang sejenna. Cukup ngirim SMS saloba-lobana (mangkaning 1 SMS teh hargana bisa nepika 2000 rupia), bari jeung teu jelas iraha, dimana jeung kumaha pangundianna teh, anu meunang na ge teuing saha jeung urang mana jelemana, naha bener eta teh? Atawa REKAYASA hungkul? Garila apanan tah?

Katingali lamun bangsa Indonesia mah masyarakatna masih bisa dibobodo, da lantaran memang masih keneh barodo, nu ngaku pinter ge sabenerna mah jelema bodo, da jelema pinter mah teu kudu ngaku ge batur teh geus nyarahoeun yen jelema eta teh pinter, bener teu tah? jeung anehna teh, jelema nu beunghar nu barodo teh, da jelema miskin mah... leuwih BODO... hahahaha... :p
Buktina loba jelema beunghar nu katipu ku dukun "pengganda uang". Dukun nu bisa ngagandakeun duit ge ayeuna mah marake dasi, laptop, jeung mobil keren, usahana diembel-embelan kecap "INVESTASI". padahal mah naon bedana jeung Dukun Pengganda Uang, sarua ngajangjikeun bisa ngagandakeun duit sababaraha tikel, cukup ku modal sakitu juta, hasilna bisa sakitu ratus juta, nu boga duitna mah cukup ku ngimpi we di imah, teu kudu usaha, nyaho-nyaho duitna ngaburingkal we sagede-gede panto, padahal duit nu ku manehna diINVESTASIkeun teh geus hiber dibawa kabur ka luar negri ku DUKUN NA... Garila apanan tah?

Jadi, kuring mah wasiat, ULAH KABITA KU NGIMPI, MENING DUIT SAEUTIK DIPAKE DAHAR ANAK ATAWA DIPAKE MODAL USAHA DARIPADA DIPAKE JUDI, NAON WAE BENTUKNA!
Lantaran JUDI naon wae bentuk jeung ukuranna, lamun teu dibendung, bisa leuwih ngancurkeun hirup tibatan UDUD!

Wassalam... :)

Tidak ada komentar :

Posting Komentar

Mangga serat komentar, kritik sareng saran, syaratna anu sopan, bahasa anu merenah, sareng ngangge etika.
Seratan anu ku sim kuring dianggap teu luyu sareng syarat eta, hapunten pisan, ku sim kuring langsung dihapus. Hatur Nuhun. :)