Kamis, 28 Juni 2012

Urang Sunda bakal Sirna?

Aya hiji pangalaman kuring, dina hiji waktu, kuring rek ka Cikarang, geus biasa lamun rek ka Cikarang teh naek Beus di Terminal Leuwi Panjang. Harita teh isuk keneh, sakira tabuh 7 lah. Sanepina ka Leuwi Panjang, kuring langsung naek Beus jurusan Cikarang, make anu Patas, lain gagayaan loba duit, meh gancang maksudna mah da didituna geus didagoan ku dunungan. Kabeneran beus teh kosong keneh pisan, da meureun nu tiheula mah karek pisan indit.

Aya meureun 5 menitan ti kuring naek, aya awewe nu naek, mawa budakna 2-an laleutik keneh, jeung salakina. Eta rombongan teh meni rame, Indungna nyarek budakna nu lalaki lulumpatan, budak nu awewe ceurik hayang balik, salakina riweuh ngupahan budakna. Atuh beus nu tadina sepi alah batan Batu Kuda* lamun tengah peuting, jadi leuwih rame ti pasar minggu 46* (urang Ujung Berung jeung sabudeureunna mah pasti nyarahoeun batu Kuda jeung pasar minggu 46).

Ari mimitina mah kuring nyangka eta rengrengan teh urang peuntas, atawa urang Batawi, lantaran ngaromong na make basa Indonesia, kacampur jeung sunda sawareh. Nepika beus geus maju, karamean ti rengrengan eta teh teu anggeus, aya we nu matak rame na teh, naha budakna nu lalaki kakalacatan naek kanu panyarandean korsi, atawa budak nu awewe ceurik deui da keukeuh hayang balik. Kabeneran maranehna teh diukna dina bangku peuntaseun bangku kuring. Nepika hiji waktu, budak nu lalaki na teh naek kana panyarandean bangku nu ditempatan ku kuring, nepika sirah kuring kadupak ku suku eta budak, bapana ningalieun, atuh hariweusweus menta dihampura ka kuring. Kuring rada kesel oge, lantaran keur nundutan da peuting na kurang sare geus nganggeuskeun pagawean, tapi rek dibabuk eta budak teh da budak batur (da ka budak sorangan ge teu tega ngababuk mah... hahaha...) Jadi weh rada ngutruk sorangan.

"Diawasi dong pak, anaknya..." ceuk kuring ka bapana eta budak.
"Iya pak, maaf ga sengaja" ceuk bapana eta budak bari ngasongkeun leungeun menta dihampura.

Tisaprak ku kuring diomongan kitu mah, eta budak lalaki teh dicarek ku indung bapana lamun rek bangor. Sawatara waktu liwat, bapana budak teh nanya ka kuring.

"Mau kemana Pak? manehna nanya ka kuring.
"Mau ke Cikarang, Pak." jawab kuring.

Tuluy weh ngobrol kaditu kadieu, nepi ka kuring nanya kieu:

"Asli dari mana pak?" tanya kuring ka manehna.
"Karawang, pak." manehna ngajawab.
"Asli Karawang?" kuring nanya deui.
"Iyah." Jawabna singket.
"Kalau istri dari mana?" Kuring nanya deui.
"Sama pak, asli dari Karawang. Kalau bapak dari mana?" manehna malik nanya.
"Abdi mah asli Bandung..." Kuring nembalan ku basa Sunda.
"Ooooh... urang Bandung, punten ah, sugan teh sanes urang Sunda..." ceuk manehna loma.

Kuring rada nyerengeh we jadina teh, paingan atuh titatadi maranehna ngaromong Indonesia na pabuis jeung basa Sunda, jabaning ngomong Indonesia na ge teu paseh paseh acan tah jigana mah... Ari singhoreng urang Sunda geningan.

Pangalaman kuring diluhur ngagambarkeun saeutik tina sakitu lobana urang Sunda nu geus ngahaja MAEHAN budaya jeung basa Sunda ku cara ngajarkeun budakna ngomong basa Indonesia tibatan basa Sunda, alesanna mah cenah da basa Sunda mah teu penting, leuwih penting keneh basa Indonesia, ameh leuwih gampang gaul. Aya deui nu alesanna teh, da kolotna teu bisa ngomong basa Sunda anu bener, padahal mah kolotna ge ASLI SUNDA, teu bisa ngomong lemes lah alesanna mah. Padahal mah, sanajan diajarkeun basa Sunda anu Loma ge, geus cukup ceuk kuring mah, da basa Sunda nu lemes mah engke ge nuturkeun, pasti bisa, sarua jeung diajar ngomong basa Indonesia, contona anak kuring, kabeh teu diajarkeun basa Indonesia, tapi teu burung we barisaeun, jeung meunang peuteunna aralus dina rapotna.

Ceuk kuring mah, naha loba jelema urang Sunda embung ngajarkeun anakna basa Sunda, lantaran urang Sunda mineng jadi bahan hinaan dina media-media, contona dina Sinetron, loba karakter Sunda nu ngan meunang peran jadi Babu, tukang dagang, jelema kampungan, jeung sajabana nu sipatna ngahandapkeun darajat urang Sunda, jadi urang Sunda nu rumasa GAUL, era lamun make basa Sunda ditempat umum. Padahal mah, make basa Indonesia nu pabeulit jeung basa sunda, leuwih katempo kampungannana daripada nu make basa Sunda sagemblengna.

Lamun kajadian siga kieu tuluy kajadian, jeung diantep, moal lila deui, Urang Sunda teh tinggal beja, ukur tulisan dina buku Sajarah (eta ge lamun aya Sajarawan Sunda nu teu era nulis sual urang Sunda), atawa ngan jadi dongeng, nu teu diaku kabeneranna, da dianggapna saukur mitos, sarua jeung dongeng si Kancil. Naha urang nu urang Sunda teu sedih lamun kitu? Kuring pribadi mah sedih pisan, lantaran ieu letah teh leuwih ngeunah lamun ngomong Sunda tinimang make basa sejenna nu kuring bisa (rada nyombong saeutik, kuring bisa 7 basa: Sunda lemes, Sunda loma, Sunda kasar, Sunda kasar pisan, Indonesia resmi, Indonesia pakusut jeung basa isarat keur ngobrol jeung nu teu bisa basa nu disebutkeun dihareup, pangpangna mah isarat lamun hayang kiih jeung hayang ngising).

Kungsi kuring indit ka Jogja, bareng jeung urang Cianjur, eta sajajalan, manehna ngan ngajak ngobrol na teh make basa Indonesia wae, teuing meureun eraeun kanyahoan ku batur manehna urang Sunda, teuing sieuneun disangka budak Viking*, atawa sieun omongan manehna teu kahartieun ku batur (padahal mah pan ngobrolna jeung kuring, sarua urang Sunda). Kuring mah make basa Sunda we, da komo lamun  nyaho ngobrolna jeung urang Sunda, jadi asa karagok ngomong make basa Indonesia teh, boh ngobrol langsung atawa dina Chatting*.

Geus langka ayeuna mah, budak ngora urang Sunda (ukuran ngora teh, handapeun 20 taun, lain jiga kuring, geus cetuk huis sabujur bujur ge asa ngora wae) nu bisa make basa Sunda nu bener, nu luyu jeung undak usuk jeung tingkatan basa. Ulah nyalahkeun  budakna, da ari budak mah kumaha kolot, lamun kolotna embungeun ngajar anakna, rek kumaha anakna bisa, coba? Memang di sakola ge aya pangajaran basa Sunda, ngan sahade hade na oge nu diajarkeun di sakola, moal leuwih hade tinimbang nu diajarkeun sapopoe ku lingkungan jeung kolotna. Kuring boga babaturan, Asli urang Cianjur, manehna cicing geus taunan di Surabaya, boga pamajikan Urang Sunda panggih di Surabaya, boga anak 2, lahir di Surabaya, sakola di Surabaya, gede di Surabaya, ngan ku muji na teh, eta anakna nu 2, BISA BASA SUNDA MENI PASEH, jiga lain gede di Surabaya. Naha bisa kitu? Lantaran kolotna ngajarkeun anak-anakna basa Sunda, keun wae sapopoe na maranehna ngaromong Jawa jeung babaturanna mah, ngan lamun geus di Imah, wayahna, kudu make basa Sunda. Naha ari urang Sunda, nu cicing, gaul, gede di tanah Sunda, tapi arembungeun make basa Sunda?

Lamun aranjeun nu maca ieu tulisan, heug ngaku keneh urang Sunda, komo lamun aranjeun geus ngalakukeun kasalahan teu daek ngajar anak basa Sunda atawa jadi korban kasalahan kolot aranjeun nu embungeun ngajarkeun basa Sunda, ieu waktuna ngabebener kasalahan, ulah ngantep kasalahan, lantaran kasalahan mah bakal jadi cukang lantaran kasalahan anu sejenna. Tuh conto urang Jawa, maranehna mah teu ningali cicing dimana, iraha jeung kumaha, memang maranehna daek diajar basa tempat nu dicicinganna, tapi maranehna marake basa Jawa lamun di imah, jadi basa Jawa moal paeh, da terus dilestarikeun ku urang Jawa na, dimana wae, iraha wae. Malahan mah, GOOGLE ge geus ngaku kana basa Jawa, bisi teu percaya mah, Buka http://www.google.co.id, didinya aya pilihan nampilkeun google dina basa Jawa. Pan gagah tah lamun Basa Sunda ge aya didinya?


Hayu ah, urang lestarikeun budaya jeung basa Sunda, lamun lain ku urang, rek ku saha deui? maenya nungguan basa Sunda diaku ku nagara tatangga, karek riweuh ngarasa kaleungitan mah? hahahahah...!

Geus heula ah ngacprukna, cape, komo can manggih dahar mah... :D

Katerangan:
1. Batu Kuda: Tempat wisata nu aya di gunung Manglayang, tempatna teh mangrupakeun leuweung. Batu Kuda na sorangan, mangrupakeun 1 Batu anu gede, nu lamun disidik-sidik mah siga Hulu Kuda.
Tempatna tiis, ngeunaheun lah keur piknik sakulawarga, atawa ngadon Botram. Ngan hanjakal, kurang kaurus, jeung kurang promosi, boh ti pihak pamarentah satempat, atawa ti pihak masyarakat, jadi teu pati loba nu arapaleun ka Batu Kuda.


2. Pasar Minggu 46: Nu ngaranna pasar minggu, ayana ngan poe minggu, tempatna di deukeut SMPN 46 Bandung, jalan Cigagak, Kecamatan Cibiru, Bandung. Didinya tadina mah tempat anu Jogging rarereuh, bari jajan Bandrek, ngan teuing saha mimitina, jol loba weh nu daragang, ti mimiti dagang cangcut nepika dagang motor, aya didinya (jigana kahareupna mah bakal aya nu ngajualan imah didinya, asal ulah nu ngajual diri weh...).

3. Viking: Ngaran salah sahiji klub Bobotoh Persib, aslina mah Viking teh ngaran salah sahiji bangsa Skandinavia, bangsa nu leber wawanen, ngambah laut, ngajajah daratan.

4. Chatting: Program nu bisa nyambungkeun 1 jelema jeung jelema sejenna, keur ngobrol make tulisan, sarua jeung SMS, ngan bedana Chatting mah leuwih condong ka program nu make sambungan Internet. Program ieu aya nu keur komputer, oge aya nu keur hape.



Tidak ada komentar :

Posting Komentar

Mangga serat komentar, kritik sareng saran, syaratna anu sopan, bahasa anu merenah, sareng ngangge etika.
Seratan anu ku sim kuring dianggap teu luyu sareng syarat eta, hapunten pisan, ku sim kuring langsung dihapus. Hatur Nuhun. :)