Minggu, 24 Juni 2012

"Biografi"



3AN.


3AN dicokot tina singketan ngaran lalakon utama dina Serial 3AN. Satadina mah, serial nu rek diciptakeun teh memang ngan 3 lalakon utamana, 3AN teh awalna dibaca "Tiluan". Tapi, sakumaha kabiasaan pamingpin bangsa Indonesia, nu prak-prakanna beda jeung rencana (komo jeung jangjina mah, jauuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuh pisan...), lalakon 3AN teh katambahan lalakon awewe 1 (pangalaman jaman STM, 1 kelas euweuh awewean teh karasana GERSANG). Jadi 3AN akhirna jadi ngandung harti singketan tina ngaran-ngaran lalakon, nyaeta Abah, Asep, Agus jeung Nyai. Tah, samemeh Si Abah (anu nyaanna, nu nulis jeung ngarang ieu komik, nu kasep) boga gagasan keur carita komik nu anyar, mening urang kenalan jeung lalakon nu aya dina serian 3AN.


Abah


Abah mangrupakeun lalakon pangkolotna dina serial 3AN. Dina hasil rekayasa otak kuring, si Abah teh hiji aki-aki nu umurna kira-kira 70 taun, Pangsiunan, malahan jaman perang kamerdekaan teh, si Abah geus miluan perang (ngan masih dina beuteung ema'na, da ema'na teh anggota Laskar Wanita Indonesia).
Si Abah kungsi boga pamajikan, da ceuk kuring ge pan, Gusti Alloh geus nyadiakeun (sahenteuna) 1 awewe keur 1 lalaki. Ngan pamajikan si Abah geus lila maot. Si Abah teu boga budak teges. Sanggeus pangsiun, si Abah kungsi naek Haji  jeung ngabangun Rumah Singgah Yatim Piatu, ngan kulantaran euweuh perhatian ti pamarentah satempat (da pamarentah pusat moal merhatikeun lamun pamarentah daerah teu mere laporan mah), akhirna eta Rumah Singgah Yatim Piatu teh bangkrut, da teu boga biaya keur ngurus budak yatim piatu nu beuki dieu beuki loba (saluyu jeung perkembangan jaman, beuki loba budak euweuh bapaan, bet indungna ge teuing numana...). Ti imah Yatim eta, si Abah mertahankeun 3 budak, nyaeta si Agus, jeung adi lanceuk si Asep jeung si Nyai.

intermezo:
tanya: si Abah teh pernah Haji, naha teu disebut Haji Abah, atawa Abah Haji?
jawab: "Haji" mah salah sahiji rukun Islam, lain pangkat, lain sebutan, teu wajib dirarangkenkeun dina ngaran.
tanya: apanan ngajenan kanu geus mampuh indit naek haji, minuhan kawajiban rukun Islam?
jawab: berarti nu indit Haji hayang disebut teh ngan hayang diajenan hungkul ku tatangga atuh ari kitu mah?
nu nanya ngaleos da embungeun pasea jeung si Abah...


Asep


Si Asep, budak nu pangkolotna diantara 3 budak nu diurus ku si abah. Manehna jeung adina nyaeta si Nyai, ditinggal maot ku kolotna (alesan teu dibawa maot teh ceuk kolotna mah, ridu mamawa). Manehna ngan sakola nepika tamat SMP, kulantaran si Abah teu kuat ngabiayaan, jeung si Asepna geus embungeun sakola, leuwih milih digawe mantuan si Abah ngabiayaan adi-adina. Si Asep dangdan jiga pemaen band metal, tapi ulah salah, si Asep resepna ngadengekeun calung Darso, malah cenah, buuk panjangna teh, kapangaruhan ku panampilan almarhum Darso. Si Asep gawena sagawe-gawe, sakapeung jadi wakil supir alias kenek angkot, sakapeung jadi wakil direktur (hah???), pokona mah, naon nu bau-bau "wakil" we, ngan nu can (jeung jigana mah moal) kaalaman ku si Asep teh jadi Wakil Rakyat. Si Asep pangabeukina dahar jeung sare, sapoe bisa lima kali dahar, lima kali sare, sakali sare lima jam...


intermezo:
tanya: 5 kali sare, sakali sare 5 jam? 25jam atuh?
jawab: muhun A... pinter gening nya ngetangna?
tanya: iraha digawena ari kitu mah???
jawab: ngaranna ge ngarang, bebas we, nu penting mah usaha lucu!!!

nu nanya ngaleos deui da angger embungeun pasea jeung si Abah...



Agus


Si Agus ti orok beureum geus dirorok ku si Abah. Manehna mah ditinggal maot ku indungna nu kagegeringan ditinggalkeun salingkuh ku salakina nu cenah salingkuhna teh gara-gara nyeri hate ditinggalkeun gawe ka Arab ku pamajikan ngorana nu lantaran cenah pamajikan ngorana teh ditinggalkeun balik ku kabogohna nu urang Arab nu ngomongna mah hayang balikna ka arab teh lantaran ditinggalkeun maot ku indungna si Agus... lieur pan???
Si agus umurna teu jauh jeung si Asep. Si Agus jeung si Asep geus jiga dulur teges, sobat dalit, tapi kadang jadi musuh bubuyutan (dina urusan awewe jeung dahareun). Si Agus kungsi kuliah di UnDim LA (Universitas Dimensi Lain) jurusan Tehnik Komputer, ngan teu tamat, da kaburu hoream nuluykeun, jeung euweuh biaya. Akhirna si Agus milih digawe mantuan si Abah jeung si Asep ngabiayaan hirup jeung sakola si Nyai. Kalakuan si Agus, manehna paling jail diantara 3 budak si Abah.

intermezo:
nu nanya can nyampeurkeun deui, jigana mah sieuneun keneh...


Nyai


Si Nyai hiji-hijina budak awewe nu nyesa nu diurus ku si Abah. Manehna budak anu "gaul", ngarti tehnologi, jeung resep kukurilingan di dunia Internet. Budakna sopan, tara ngomong kasar, ngan rada ogoan, lantaran paling diogo ku si Abah. Si Nyai dipikanyaah pisan ku lanceuk-lanceukna, komo pan ceuk si Asep mah "lamun urang teu nyaah ka si Nyai, kumaha lamun si Nyai dikawin kunu beunghar, tuluy teu nyaah ka urang? Moal milu beunghar atuh?".
Ayeuna si Nyai geus kelas 3 SMA Negri 1 Bojong Bohong (ngan sakumaha dipikanyaho ku balarea, lalakon mah moal ngalaman kamajuan dina hirupna, contona si Unyil, ti jaman kuring budak, nepi ka ayeuna geus reuay anak, angger we sakitu), cita-citana hayang kuliah di UnTung LA (Universitas Tungtung Langit) jurusan kebidanan atawa dokter Anak. Karesepna lalajo wayang golek jeung Benjang*.

intermezo:
kamana nu nanya teh? balik kitu?

Lalakon lainna mah, teu kudu dicaritakeun asal muasalna, lantaran kuring can aya rencana nambahan penduduk di dunya dimensi lain nu aya di tungtung langit ieu, jeung pangpangna mah, cape geningan mikir bari ngetik, katambah ku loba salah ngetikna, nepika tombol Backspace dekok da digebugan wae saking ku kesel...

Katerangan:


1. Benjang: Kasenian daerah Ujung Berung, nu mintonkeun ibingan jeung bela diri. Benjang cenah mah mangrupakeun hiji seni bela diri keur para pajuang kamerdekaan, lantaran Ujung Berung teh mangrupakeun salah sahiji basis perjuangan kamerdekaan. Bela diri Benjang hampir sarua jeung Gulat modern, ngan bedana, dina benjang mah, euweuh batesan kelas, nu awakna sagede buta ge meunang lawan nu awakna sagede korek, ari teu era mah... heheheh... :p
ngan beuki kadieuna mah, kasenian benjang gelut, geus jarang diayakeun, lantaran geus kurang sumber daya pamuda nu boga wawanen gelut benjang hiji lawan hiji, wanina rempugan bari eta ge ngan wani hohoak hungkul, ditambah wanina ngagebugan nu teu ngalawan, atawa lamun hiji lawan hiji tea mah, wanina ngabongohan...

2. Lalakon, kajadian jeung carita nu aya dina serial komik ieu ngan saukur dongeng, henteu nyata, ngan lamun aya anu mirip jeung kajadian nyata, eta mah murni teu dihaja jeung kuring menta dihampura lamun karasana kurang merenah, Kuring euweuh maksud ngaheureuykeun, ngahina, ngagogoreng pihak lain, saestuna ieu mah lahir tina hasil pamikiran kuring sorangan.

3. cape... enggeusan heula ah ngetikna... :D

Tidak ada komentar :

Posting Komentar

Mangga serat komentar, kritik sareng saran, syaratna anu sopan, bahasa anu merenah, sareng ngangge etika.
Seratan anu ku sim kuring dianggap teu luyu sareng syarat eta, hapunten pisan, ku sim kuring langsung dihapus. Hatur Nuhun. :)