Minggu, 22 Juli 2012

"Runtah"

Geus 2 minggu leuwih yeuh kuring teu gagambaran... Biasa we, pangaresep mah kudu eleh ku pangabutuh, sanajan resep gagambaran jeung ngacapruk, tapi teu bisa nyumponan pangabutuh mah, wayahna we kudu dieureunan heula... heheheh...
Tah ayeuna hayu urang gagambaran jeung ngacapruk deui, pamiarsa... :D






Kamajuan jaman geus moal bisa dibendung, sagala tehnologi geus nyarampak, pakakas nu Caranggih geus balatak, jelema geus beuki palinter, sigana jaman kiwari mah geus moal manggih jelema nu teu bisa maca maca acan mah. Ngan, kamajuan jaman nu sakieu pohara na teh teu diimbangan jeung ningkatna kadisiplinan jeung kasadaran jelemana (urang Indonesia khususna mah).

Urang cokot conto dina urusan Runtah. Runtah geus jadi masalah nu hese (bisa jadi mustahil) dituntaskeun, sabab runtah dihasilkeun unggal poe, jeung lain beuki saeutik jumlah runtah, malah beuki loba. Contona wae, baheula mah dahareun teh dibungkus make dadaunan, tapi ayeuna mah, dahareun saeutik ge, bungkusna make palastik, nu geus pada nyaho, lamun palastik teh runtah anu panghesena ancur, beda jeung dadaunan. Mangkaning jaman ayeuna mah, imah-imah masyarakat teh geus jarang nu boga pakarangan, atawa lahan keur saukur ngaduruk runtah, jadi runtah ti imah teh kudu dipiceun kaluar, kahiji tempat, anu jauh ti imah nu nyieun runtah.

Akibatna kumaha? Loba tanah atawa lahan nu tadina lain wadah runtah, jadi siga TPS (tempat penampungan sampah), kulantaran aya saurang anu ngamimitian miceun runtah kadinya, tuluy ditarurutan kunu sejenna. Atuh puguh we nu boga lahan teh ngarasa teu suka, lahanna dijieun pamiceunan runtah umum, nepika ditarulisan, ti saukur tulisan nu masih keneh kaasup lemes, nepika tulisan anu nga (punten) Anjing-anjing kanu miceun runtah. Tapi... Kulantaran euweuh anu nganyahoankeun, nu miceun runtah teh tenang we, nuluykeun kabiasaanna, teu malire kanu tulisan, teuing teu belul maca, teuing memang teu ngarti kana naon nu ditulis kunu boga lahan. Nu jelas mah, nu miceun runtah teh pasti jelema BODO, lantaran nu PINTER mah, kajeun jauh ngagigiwing runtah, neangan tempat pamiceunan runtah anu bener (da piraku euweuh pisan mah, sahenteuna, di 1 kacamatan, pasti aya 1 tempat miceun runtah), lain miceun sakarepna di lahan batur.

Acan deui runtah anu dibalangkeun ka walungan, ti baheula pihak pamarentah geus mere larangan miceun runtah ka walungan, rek naon wae bentukna, rek sakumaha wae ukuranna, nu ngaran runtah, TEU MEUNANG DIPICEUN KA WALUNGAN, tapi sakali deui, jelemana nu BARODO, nu keukeuh peuteukeuh miceun runtah ka walungan, ti mimiti ukurang kantong keresek, nepika limbah pabrik, nu geus mah bau, hideung, ngandung RACUN, dipiceun ka walungan. akibatna waungan jadi kotor, bau, jeung caina geus moal bisa dipake hirup keuyeup-keuyeup acan...

Sahur heula ah... :D

Kamis, 19 Juli 2012

Waktu jeung usum dina basa Sunda


Urang Sunda, utamana mah nu hirup dijaman baheula ("Baheula" didieu sahenteuna nepika jamanna Almarhum pun Bapa jumeneng keneh), boga sebutan anu Khas keur nangtukeun atawa nyebutkeun waktu dina sapopoe, atawa sebutan keur mangsa usum-usuman. Kulantaran beuki majuna jaman jeung beuki saeutik nu make sebutan wanci dina basa Sunda, sebutan-sebutan wanci teh beuki ngaleungit, lantaran jelema modern mah leuwih gampang nginget-nginget "Jam 8 isuk-isuk" tinimbang "wanci haneut moyan".
Tah dumasar kana hal eta, kuring rek medar sebutan-sebutan wanci jeung usum dina basa Sunda, nu meunang nyutat ti Wikipedia (Alhamdulillah, aya nu masih keneh inget jeung daek nulis kabudayaan basa Sunda di dunya nu geus sagala modern kieu).

Ngaran-Ngaran Waktu Dina Sapoé Sapeuting Dumasar Kana Kajadian Alam

1. Wanci tumorék nya éta wanci keur meujeuhna saré tibra (kira-kira tabuh 00.30)
2. Wanci janari sapi kira-kira tabuh 01.00
3. Wanci janari leutik nya éta wanci liwat tengah peuting (kira-kira tabuh 01.30)
4. Wanci janari gedé kira-kira tabuh 02.00
5. Wanci disada rorongkéng nya éta wanci disada kongkorongok hayam sakali (kira-kira tabuh 02.30)
6. Wanci haliwawar nya éta wanci disada kongkorongok hayam dua kali (kira-lira tabuh 03.00-03.30)
7. Wanci janari kira-kira tabuh 04.00
8. Wanci balébat nya éta udat-udat beulah wétan dina waktu rék pajar (kira-kira tabuh 05.00)
9. Wanci carancang tihang nya éta wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (kira-kira tabuh 05.30)
10. Wanci murag ciibun/meleték sarangéngé nya éta wanci mimiti témbong panonpoé, ciibun nu ngagarenclang dina dangdaunan mimiti murag (kira-kira tabuh 07.00)
11. Wanci haneut moyan nya nya éta wanci keur sedeng dipaké moyan (kira-kira tabuh 08.00)
12. Wanci rumangsang nya éta wanci sabada haneut moyan panonpoé mimiti karasa panas (kira-kira tabuh 09.00)
13. Wanci pecat sawed kira-kira tabuh 10.00 (munding nu dipaké magawé dilaanan/dipecat sawedna tina beuheung munding nu narik wuluku/garu), di tempat-tempat panas tabuh 10.00, di tempat-tempat nu hawana tiis tabuh 11.00
14. Wanci manceran/tengah poé nya éta panonpoé aya di luhureun embun-embunan; panonpoé keur meujeuhna mancer (kira-kira tabuh 12.00)
15. Wanci lingsir ngulon nya éta wanci panonpoé ngésér ka kulon (kira-kira tabuh 14.00)
16. Wanci panonpoé satungtung nya éta waktu panonpoé satungtung (kira-kira tabuh 15.00)
17. Wanci tunggang gunung nya éta waktu panonpoé geus rék surup ayana dina luhureun gunung (kira-kira tabuh 16.00-17.00)
18. Wanci sariak layung nya éta wanci layung di langit katénjo beureum (kira-kira tabuh 17.00-18.00)
19. Wanci érang-érang nya éta waktu panonpoé rék surup (kira-kira tabuh 17.30-18.00)
20. Wanci sareupna/harieum beungeut nya éta waktu geus mimiti reup poék (kira-kira tabuh 18.00-18.30)
21. Wanci sareureuh gaang nya éta waktu gaang eureun disada (kira-kira tabuh 19.00)
22. Wanci sareureuh budak nya éta waktu barudak leutik geus mimiti saré (kira-kira tabuh 21.00)
23. Wanci sareureuh kolot nya éta waktu kolot mangsana reureuh (kira-kira tabuh 22.00)
24. Wanci tengah peuting kira-kira tabuh 24.00.

Sesebutan Waktu Dumasar Kana Waktu Ibadah

1. Pajar kira-kira tabuh 04.00 waktu rék meleték panonpoé
2. Imsak kira-kira 10 menit saméméh waktu subuh
3. Subuh kira-kira tabuh 04.30-05.00
4. Duha kira-kira tabuh 08.00-09.00
5. Lohor kira-kira tabuh 12.00
6. Bada lohor kira-kira tabuh 12.30-13.00, waktu sanggeus kadéngé bedug lohor
7. Asar kira-kira tabuh 15.30
8. Magrib kira-kira tabuh 17.30-18.00, waktu geus mimiti poék pikeun ngalaksanakeun sholat magrib
9. Bada magrib kira-kira tabuh 18.00-19.00, waktu saréngséna sholat magrib
10. Isa kira-kira tabuh 19.00, waktu pikeun ngalaksanakeun sholat isa
11. Bada isa kira-kira tabuh 19.00-20.00, waktu sanggeus ngalaksanakeun sholat isa.

Sesebutan Waktu nu Patali jeung Poé

1. Isuk-isuk kira-kira tabuh 05.00-10.00, wanci bada subuh nepi ka kira-kira pecat sawed
2. Beurang nya éta ti mimiti meleték panonpoé nepi ka surupna
3. Pabeubeurang kira-kira tabuh 11.00-14.30, waktu sabada pecat sawed nepi ka waktu panon poé satungtung
4. Pasosoré kira-kira tabuh 15.00-18.00, waktu sabada panon poé satungtung nepi ka waktu sareupna
5. Peuting nya éta waktu ti barang surup panonpoé nepi ka meletékna deui
6. Poé ieu nya éta waktu anu ayeuna keur dilakonan
7. Isukan nya éta sapoé nu bakal datang
8. Pagéto nya éta heuleut sapoé ti ayeuna ka hareup (dua poé nu bakal datang)
9. Pagéto amat nya éta heuleut dua poé ti ayeuna ka hareup (tilu poé nu bakal datang)
10. Kamari nya éta poé nu geus kaliwat sapeuting
11. Mangkukna nya éta kamarina, heuleut sapoé ka tukang (poé nu geus kaliwat dua poé)
12. Tilu poé ka tukang nya éta waktu nu geus kaliwat tilu poé.

Waktu nu Patali jeung nu Geus Kalakon

1. Ayeuna nya éta waktu nu keur dilampahan
2. Bieu nya éta waktu nu cikénéh karangdapan
3. Cikénéh nya éta panuduh waktu nu geus kaliwat, pandeurieun bieu
4. Tadi nya éta waktu nu can lila kaliwatna
5. Engké/mangké nya éta nuduhkeun waktu (deukeut nu bakal kasorang).

Sesebutan Waktu nu Patali jeung Jaman

1. Kiwari nya éta jaman nu keur dilakonan ayeuna
2. Baréto nya éta jaman nu geus lila kaliwat
3. Baheula nya éta jaman nu geus lilia kaliwat béh ditueun baréto
4. Bihari nya éta jaman nu geus kaliwat lila pisan
5. Jaga nya éta jaman nu lila kénéh bakal kasorang
6. Isuk jaganing géto (pagéto) nya éta jaman nu moal lila bakal kasorang
7. Baring supagi nya éta isuk jaganing géto, dina waktu nu bakal datang.

Sesebutan Waktu Séjénna

1. Sakiceup nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan
2. Sakedét nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan
3. Sakilat nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, diupamakeun kana liana kilat nu ngaburinyay
4. Saharita waktu éta atawa harita kénéh
5. Sajongjongan nuduhkeun waktu sawatara sekon
6. Sakedupan nuduhkeun waktu saharita, jero sawatara sekon
7. Sapanyeupahan nuduhkeun waktu nu teu sabaraha lilana, kira-kira lilana sarua jeung nu keur nyeupah
8. Sapangéjoan nuduhkeun waktu nu rada lila, kira-kira lilana sarua jeung nu keur ngéjo (nyangu)
9. Sapoé sapeuting nuduhkeun waktu anu lilana dua puluh opat jam
10. Saminggu nuduhkeun waktu anu lilana tujuh poé
11. Sabulan nuduhkeun waktu anu lilana opat minggu (28,29,30 atawa 31 poé)
12. Sabulan campleng nuduhkeun waktu anu lilana sabulan jejeg
13. Saumur jagong nuduhkeun waktu anu lilana sarua jeung umur melak jagong, kira-kira tilu bulan satengah
14. Sausum nuduhkeun waktu anu dicirian ku sakali usum, upamana usum hujan, usum kadu
15. Sataun nuduhkeun waktu anu lilana dua welas bulan
16. Sataun landung nuduhkeun waktu anu lilana dua welas bulan leuwih
17. Sawindu nuduhkeun waktu anu lilana dalapan taun
18. Saabad nuduhkeun waktu anu lilana saratus taun
19. Samilénium nuduhkeun waktu anu lilana sarébu taun.

Usum-Usuman


Usum-usuman nya éta waktu anu nuduhkeun usum atawa waktu nu tangtu, upamana waé usum hujan, usum kadu.Usum-usuman bisa dibagi sababaraha waktu, saperti dihandap ieu.

Waktu nu Patali jeung Kayaan Alam

1. Usum mamaréng nya éta usum mimiti ngijih
2. Usum ngijih nya éta waktu mindeng turun hujan
3. Usum dangdarat nya éta usum panyelang antara ngijih jeung katiga, hujan jeung halodo kakapeungan
4. Usum katiga nya éta usum halodo, usum teu hujan
5. Usum barat nya éta usum angin grdénu jolna ti kulon, pacampur jeung hujan
6. Usum selatan nya éta usum loba angin nu jolna ti kidul-wétan.

Waktu Nu patali jeung Kaayaan nu aya di Masarakat

1. Usum ngagebug nya éta usum loba nu gering parna, loba nu maraot
2. Usum sasalad nya éta usum loba panyakit nu babari tépa
3. Usum parepok ny éta usum loba nu kawin
4. Usum paceklik nya éta usum kurang dahareun, pangpangna béas atawa paré, usum paila
5. Usum tigerat nya éta usum paceklik
6. Usum nguyung nya éta usum paceklik.

Waktu nu Patali jeung Tatanén di Sawah

1. Usum nyambut nya éta mangsa ngagarap sawah
2. Usum tebar nya éta mangsa ngawurkeun binih kana pabinihan
3. Usum tandur nya éta mangsa melak binih parénu tos jadi di kotakan sawah
4. Usum ngarambét nya éta mangsa miceunan jukut nu jaradi antara tangkal paré di sawah
5. Usum celetu nya éta mangsa siki paré geus mimiti cul-cel baruahan
6. Usum beukah nya éta mangsa paré areusian, bareukah
7. Usum rampak nya éta mangsa paré geus rampak kaluar humbutna
8. Usum beuneur héjo nya éta mangsa paré geus beuneur tapi masih kénéh héjo
9. Usum pibuateun nya éta mangsa paré ngadagoan waktu nu mustari pikeun dipanén
10. Usum panén nya éta mangsa paré diala (dibuat).

Waktu nu Patali jeung Tatanén di Huma

1. Usum nyacar nya éta mangsa nyacar leuweung pihumaeun
2. Usum ngahuru nya éta mangsa ngaduruk kai jeung kakayon séjénna
3. Usum ngaseuk nya éta mangsa melak paré huma
4. Usum ngoréd/ngoyos nya éta mangsa meresihan jukut nu jaradi antara luwukan paré ku koréd
5. Usum dibuat/ngétém nya éta mangsa ngala paré (maké étém).


Mudah-mudahan tuisan ieu sahenteuna bisa ngajadikeun pangeling pikeun urang Sunda khususna, yen nyatana basa Sunda teh sakitu beungharna.
Hatur nuhun.... :)

Rabu, 18 Juli 2012

Marhaban Yaa Ramadhan!

Wilujeng sumping sasih Ramadhan!
Bulan nu pinuh ku berkah, rohmat sareng panghampura...
Bulan dimana umat Islam khususna, ngalatih diri, nahan hawa nafsuna.
Bulan dimana umat Islam khususna, ningkatkeun kaimanan jeung kataqwaan.
Bulan anu Suci, Bulan pangampunan dosa - dosa...

Bulan dimana loba nu dagang pepetasan, nu matak ngabahayakeun jeung ngagandengan...
Bulan dimana loba nu puasa tapi dahar saurna jam 8 isuk-isuk, ngabatalanna jam 12 beurang.
Bulan dimana loba sinden dangdut nu biasana make cangcut hungkul, ngadadak make jilbab jeung ngahaleuang tembang Qasidah.

ngan nu paling matak seueul kanu angen mah:
BULAN DIMANA HARGA SEMBAKO NARAEK NEPIKA 100%
BULAN DIMANA LOBA NU DAGANG PAHEULA HEULA NGAGUNDUKEUN BARANG DAGANGANNA, PAJAR TEH "KELANGKAAN BARANG".
BULAN DIMANA LOBA NU DARAGANG NGADADAK SARAKAH, NGAMANFAATKEUN KASEMPETAN, ABONG LOBA NU BUTUH, MATOK HARGA TEH SAKAREPNA.

Siga nu geus jadi kabiasaan jeung tradisi, lamun nyanghareupan Bulan puasa Romadhon teh, komo dina waktu Munggah Puasa (poean munggaran Bulan puasa), sagala harga bahan poko teh ting terekel, lamun aya saurang naekeun harga, pasti kabeh milu naek...
Kumaha nasib kuring nu panghasilan ngan saukur pas jeung harga "NORMAL"? Atuh puguh we loba gegetun, lantaran loba tekorna, meuli nanaon kudu nombokan, katambah karek kamari disiksa batin ku biaya sakola barudak nu sarua EDAN na...
Sakapeung jadi heran sorangan, DIMANA PIHAK PAMARENTAH NU BOGA WENANG NGATUR TEH? NGAJAREDOG WAE TAH...

Tapi keun wae, sanajan kukulutus ge, kuring mah ikhlas, kuring mah ridho lillahi ta'ala, asal aya we duit keur meuli jeung mayarna. Inget ka ucapan kolot, cenah mah kieu: "Alloh mah moal mere cobaan ngaleuwihan tina kamampuan umatna", jadi sanajan ayeuna kuring ngarasa kasusahan, itu kurang ieu teu mahi, tapi kuring tetep dina kayakinan, lamun kuring bisa ngaliwatan sagala kasusahan, asal tetep diusahakeun jeung diperjuangkeun


kukulutus: ari rek nuliskeun "ngado'a", "Sholat" jeung "ibadah" mah bisi disebut RIA alias PAMER ku AMALAN, kaasup dosa eta teh, INGET! ibadah mah urusan pribadi jeung gusti Alloh, teu kudu batur milu nyaho, lantaran apanan cenah, lamun leungeun katuhu nyieun kahadean, leungen kenca ge ulah nyahoeun, KOMO BATUR!!!
Conto RIA dina ibadah:
1. Naek haji ambek lamun teu disebut HAJI.
2. ieu nu keur jadi "tren": Teu weleh nulis Status Update dina Jejaring Sosial, lamun manehna rek Sholat, keur puasa, geus mayar Zakat, jeung ibadah nu sejenna.
3. Lamun nyumbang hayang disebut ngaranna.
4. jeung sejen-sejenna.

Geus jadi tradisi oge, lamun sapoe samemeh puasa, disebut poe-an "Munggah", jelema loba nu geus salah harti kana poe-an Munggah.
Ari ceuk kuring mah, maknana Munggah teh, ngabageakeun Bulan Romadhon, kalayan hate anu ikhlas, Ridho jeung pinuh ku kabungahan, lantaran rek nyanghareupan bulan anu suci, bulan dimana kasempetan mersihan dosa, nyambungkeun tali silaturahmi, jeung kasempetan ngalatih diri, hirup basajan, teu sagala dihakan...
Tapi kanyataanna, "Munggah" teh geus leungit makna nu diluhur, nu aya ayeuna teh siga hiji kawajiban, keur umat Islam (khususna urang Sunda, da di kabudayaan sejen mah, kuring teu nyaho aya henteuna tradisi "MUNGGAH") pikeun ngaayakeun hal nu kaleuwihan, contona ku masak dadahareun nu "mewah", nu biasana mah tara-tara acan eta teh masak model kitu dina sapopoena. Bari jeung kutuk gendeng, pajar teh cenah harga daging hayam jadi naek 2 kali lipet, atuh nu tungtungna "Munggah" teh kuduna mah dilakonan kalayan kaikhlasan jadi dilakonan kalayan kukulutusan...

Keur kuring pribadi mah, paduli teuing harga daging naek 1000 kali lipet ge, da kuring mah sapopoe jarang-jarang dahar daging, malah bisa disebut sakali sabulan ge geus mineng teuing. Kahayang mah cik atuh harga bahan poko nu sejenna mah teu kudu milu naek, misalna harga beas, minyak, jeung Bungbu... matak koceak dengek lamun ngadenge harga beas naek (sanajan sabenerna mah kuring teu beuki dahar beas, beukina sangu).

Tapi sakali deui, keun wae ah, nu penting mah kuring bisa ngucap Alhamdulillah ya Alloh, sim kuring bisa panggih deui jeung bulan anu suci ditaun ieu... mudah-mudahan sim kuring bisa panggih deui jeung bulan suci ditaun taun nu bakal datang... aamiin...

MARHABAN YAA RAMADHAN!

Sabtu, 30 Juni 2012

"Euis"






Kamari teh aya anu mere saran, sangkan gambar anu dipasang teh dipisah sakotak-sakotak, meh ngeunaheun cenah dibacana lamun make Hape, lantaran lamun gambarna gede, sok hese ningalina, jeung kudu di gorolong-gorolong (enya da roda).
Cik ayeuna urang ajaran, make gambar nu misah, kumaha yeuh hasilna?
Komik ieu teh itung-itung pangeling keur urang Sunda, yen loba lagu Sunda baheula nu ngeunaheun, nu geus kapopohokeun, salah sahiji contona lagu "Euis".

Carita komik diluhur digagas ku Cep Marko Komar, nuhun ah Cep Marko... :D

Kamis, 28 Juni 2012

"Turnamen Bal"


Si Asep latihan maen bal unggal poe, lantaran rek nyanghareupan lawan nu bareurat dina Turnamen PS barudak leutik... eleh deuih! hahahaha... :D

Sabulang Bentor:

Kuring lain jelema nu resep merhatikeun SepakBola Indonesia, neuleu liga na ge geus hoream, da kitu-kitu keneh, euweuh perkembangan, ti mimiti jadwal nu pakusut, pemaen nu teu propesional, penonton nu haus getih, jeung sajabana, jeung sajabana nu jadi matak hoream ningalina. Geus pada mikanyaho ku urang sararea, lamun Dunia Persepakbolaan Indonesia teh keur ngalaman kamunduran, boh tina prestasi atawa tina mental palaku sepak bola nasional na.

Urang cokot conto, sababaraha taun katukang, PSSI dioyag-oyag ku massa, sangkan nurunkeun Nurdin Khalid tina korsi kapamingpinan, sanggeus Nurdin Khalid turun, naha PSSI jadi alus? HENTEU!!! Euweuh robahna, angger we pakusut, malahan nepika aya hiji badan nu cenah ngakuna mah "KOMITE PENYELAMAT SEPAKBOLA INDONESIA", nu cenah tujuanna bakal mawa persepakbolaan Indonesia ka arah kamajuan, ku nyokot kawenangan PSSI. Jiga nu lieur ceuk Kuring mah, lamun mah erek ngamajukeun, tong ngayakeun kudeta macem kitu, dukung jeung milu ngabebenah PSSI nu geus aya.

Tuluy, kamari-kamari, cenah  ceuk beja, aya bobotoh Persib nu maot disiksa ku pendukung tim lawan, da Bobotoh eta salah kostum cenah, di kandang musuh. Tah ieu teh conto anu jelas, SepakBola di Indonesia leuwih mulia batan Agama, jelema rela paeh jeung maehan ngabelaan tim nu dipikanyaahna, Pendukungna haraus getih, jigana hayangna mah modaran kabeh pendukung musuh supaya beak euweuh nu nyesa meureunan. Ceuk kuring yeuh nya, rek kumaha majuna hiji tim coba? lamun jelema jelema nu ngadukungna model kieu? nu jelas mah, tim nu dipikanyaahna meunang hukuman, teu meunang maen di tempat nu bisa dilalajoan ku pendukungna, numana ieu teh mangrupakeun karugian pikeun pihak tim, da teu meunang duit hasil ngajual tiket. Pantes we lamun tim-tim sepakbola di Indonesia mah loba nu koceak dengek lamun dititah eureun menta duit ka Pemda, da rek timana beubeunanganna?

Ayeuna urang ngobrolkeun TimNas Indonesia, nu masih keneh puasa gelar, nu teuing iraha eta puasa teh bakal dibatalanna... muji we kuring mah, kuatan puasana... hahaha... :p
Kurimg ngadukung pisan ka TimNas, rek eleh, rek meunang, rek beak dikekeak ku Tim lawan nepika belasan oge, kuring tetep ngadukung, lantaran TimNas teh mangrupakeun hiji cara ngahijikeun Insan SepakBola Indonesia nu mumusuhan, pangpangna mah kaum pendukung nu fanatis, wayah ngadukung TimNas mah, rek Viking, rek TheJack, rek Bonek, rek Aremania, rek Pasopati, rek naooon wae, kabeh ngahiji dina hiji bandera: MERAH PUTIH, nyanyikeu hiji lagu: INDONESIA RAYA, jeung ngagorowokeun hiji ngaran: INDONESIA! Anu Viking diuk pagigir-gigir jeung The Jak, lamun TimNas ngasupkeun ka gawang musuh, silih rangkul, sarua bungahna... Ah kacida endahna lamun seug hal ieu teh kajadian dina pertandingan Liga sapopoe... jigana Liga Indonesia moal tuluy tikusruk jiga ayeuna...



Urang Sunda bakal Sirna?

Aya hiji pangalaman kuring, dina hiji waktu, kuring rek ka Cikarang, geus biasa lamun rek ka Cikarang teh naek Beus di Terminal Leuwi Panjang. Harita teh isuk keneh, sakira tabuh 7 lah. Sanepina ka Leuwi Panjang, kuring langsung naek Beus jurusan Cikarang, make anu Patas, lain gagayaan loba duit, meh gancang maksudna mah da didituna geus didagoan ku dunungan. Kabeneran beus teh kosong keneh pisan, da meureun nu tiheula mah karek pisan indit.

Aya meureun 5 menitan ti kuring naek, aya awewe nu naek, mawa budakna 2-an laleutik keneh, jeung salakina. Eta rombongan teh meni rame, Indungna nyarek budakna nu lalaki lulumpatan, budak nu awewe ceurik hayang balik, salakina riweuh ngupahan budakna. Atuh beus nu tadina sepi alah batan Batu Kuda* lamun tengah peuting, jadi leuwih rame ti pasar minggu 46* (urang Ujung Berung jeung sabudeureunna mah pasti nyarahoeun batu Kuda jeung pasar minggu 46).

Ari mimitina mah kuring nyangka eta rengrengan teh urang peuntas, atawa urang Batawi, lantaran ngaromong na make basa Indonesia, kacampur jeung sunda sawareh. Nepika beus geus maju, karamean ti rengrengan eta teh teu anggeus, aya we nu matak rame na teh, naha budakna nu lalaki kakalacatan naek kanu panyarandean korsi, atawa budak nu awewe ceurik deui da keukeuh hayang balik. Kabeneran maranehna teh diukna dina bangku peuntaseun bangku kuring. Nepika hiji waktu, budak nu lalaki na teh naek kana panyarandean bangku nu ditempatan ku kuring, nepika sirah kuring kadupak ku suku eta budak, bapana ningalieun, atuh hariweusweus menta dihampura ka kuring. Kuring rada kesel oge, lantaran keur nundutan da peuting na kurang sare geus nganggeuskeun pagawean, tapi rek dibabuk eta budak teh da budak batur (da ka budak sorangan ge teu tega ngababuk mah... hahaha...) Jadi weh rada ngutruk sorangan.

"Diawasi dong pak, anaknya..." ceuk kuring ka bapana eta budak.
"Iya pak, maaf ga sengaja" ceuk bapana eta budak bari ngasongkeun leungeun menta dihampura.

Tisaprak ku kuring diomongan kitu mah, eta budak lalaki teh dicarek ku indung bapana lamun rek bangor. Sawatara waktu liwat, bapana budak teh nanya ka kuring.

"Mau kemana Pak? manehna nanya ka kuring.
"Mau ke Cikarang, Pak." jawab kuring.

Tuluy weh ngobrol kaditu kadieu, nepi ka kuring nanya kieu:

"Asli dari mana pak?" tanya kuring ka manehna.
"Karawang, pak." manehna ngajawab.
"Asli Karawang?" kuring nanya deui.
"Iyah." Jawabna singket.
"Kalau istri dari mana?" Kuring nanya deui.
"Sama pak, asli dari Karawang. Kalau bapak dari mana?" manehna malik nanya.
"Abdi mah asli Bandung..." Kuring nembalan ku basa Sunda.
"Ooooh... urang Bandung, punten ah, sugan teh sanes urang Sunda..." ceuk manehna loma.

Kuring rada nyerengeh we jadina teh, paingan atuh titatadi maranehna ngaromong Indonesia na pabuis jeung basa Sunda, jabaning ngomong Indonesia na ge teu paseh paseh acan tah jigana mah... Ari singhoreng urang Sunda geningan.

Pangalaman kuring diluhur ngagambarkeun saeutik tina sakitu lobana urang Sunda nu geus ngahaja MAEHAN budaya jeung basa Sunda ku cara ngajarkeun budakna ngomong basa Indonesia tibatan basa Sunda, alesanna mah cenah da basa Sunda mah teu penting, leuwih penting keneh basa Indonesia, ameh leuwih gampang gaul. Aya deui nu alesanna teh, da kolotna teu bisa ngomong basa Sunda anu bener, padahal mah kolotna ge ASLI SUNDA, teu bisa ngomong lemes lah alesanna mah. Padahal mah, sanajan diajarkeun basa Sunda anu Loma ge, geus cukup ceuk kuring mah, da basa Sunda nu lemes mah engke ge nuturkeun, pasti bisa, sarua jeung diajar ngomong basa Indonesia, contona anak kuring, kabeh teu diajarkeun basa Indonesia, tapi teu burung we barisaeun, jeung meunang peuteunna aralus dina rapotna.

Ceuk kuring mah, naha loba jelema urang Sunda embung ngajarkeun anakna basa Sunda, lantaran urang Sunda mineng jadi bahan hinaan dina media-media, contona dina Sinetron, loba karakter Sunda nu ngan meunang peran jadi Babu, tukang dagang, jelema kampungan, jeung sajabana nu sipatna ngahandapkeun darajat urang Sunda, jadi urang Sunda nu rumasa GAUL, era lamun make basa Sunda ditempat umum. Padahal mah, make basa Indonesia nu pabeulit jeung basa sunda, leuwih katempo kampungannana daripada nu make basa Sunda sagemblengna.

Lamun kajadian siga kieu tuluy kajadian, jeung diantep, moal lila deui, Urang Sunda teh tinggal beja, ukur tulisan dina buku Sajarah (eta ge lamun aya Sajarawan Sunda nu teu era nulis sual urang Sunda), atawa ngan jadi dongeng, nu teu diaku kabeneranna, da dianggapna saukur mitos, sarua jeung dongeng si Kancil. Naha urang nu urang Sunda teu sedih lamun kitu? Kuring pribadi mah sedih pisan, lantaran ieu letah teh leuwih ngeunah lamun ngomong Sunda tinimang make basa sejenna nu kuring bisa (rada nyombong saeutik, kuring bisa 7 basa: Sunda lemes, Sunda loma, Sunda kasar, Sunda kasar pisan, Indonesia resmi, Indonesia pakusut jeung basa isarat keur ngobrol jeung nu teu bisa basa nu disebutkeun dihareup, pangpangna mah isarat lamun hayang kiih jeung hayang ngising).

Kungsi kuring indit ka Jogja, bareng jeung urang Cianjur, eta sajajalan, manehna ngan ngajak ngobrol na teh make basa Indonesia wae, teuing meureun eraeun kanyahoan ku batur manehna urang Sunda, teuing sieuneun disangka budak Viking*, atawa sieun omongan manehna teu kahartieun ku batur (padahal mah pan ngobrolna jeung kuring, sarua urang Sunda). Kuring mah make basa Sunda we, da komo lamun  nyaho ngobrolna jeung urang Sunda, jadi asa karagok ngomong make basa Indonesia teh, boh ngobrol langsung atawa dina Chatting*.

Geus langka ayeuna mah, budak ngora urang Sunda (ukuran ngora teh, handapeun 20 taun, lain jiga kuring, geus cetuk huis sabujur bujur ge asa ngora wae) nu bisa make basa Sunda nu bener, nu luyu jeung undak usuk jeung tingkatan basa. Ulah nyalahkeun  budakna, da ari budak mah kumaha kolot, lamun kolotna embungeun ngajar anakna, rek kumaha anakna bisa, coba? Memang di sakola ge aya pangajaran basa Sunda, ngan sahade hade na oge nu diajarkeun di sakola, moal leuwih hade tinimbang nu diajarkeun sapopoe ku lingkungan jeung kolotna. Kuring boga babaturan, Asli urang Cianjur, manehna cicing geus taunan di Surabaya, boga pamajikan Urang Sunda panggih di Surabaya, boga anak 2, lahir di Surabaya, sakola di Surabaya, gede di Surabaya, ngan ku muji na teh, eta anakna nu 2, BISA BASA SUNDA MENI PASEH, jiga lain gede di Surabaya. Naha bisa kitu? Lantaran kolotna ngajarkeun anak-anakna basa Sunda, keun wae sapopoe na maranehna ngaromong Jawa jeung babaturanna mah, ngan lamun geus di Imah, wayahna, kudu make basa Sunda. Naha ari urang Sunda, nu cicing, gaul, gede di tanah Sunda, tapi arembungeun make basa Sunda?

Lamun aranjeun nu maca ieu tulisan, heug ngaku keneh urang Sunda, komo lamun aranjeun geus ngalakukeun kasalahan teu daek ngajar anak basa Sunda atawa jadi korban kasalahan kolot aranjeun nu embungeun ngajarkeun basa Sunda, ieu waktuna ngabebener kasalahan, ulah ngantep kasalahan, lantaran kasalahan mah bakal jadi cukang lantaran kasalahan anu sejenna. Tuh conto urang Jawa, maranehna mah teu ningali cicing dimana, iraha jeung kumaha, memang maranehna daek diajar basa tempat nu dicicinganna, tapi maranehna marake basa Jawa lamun di imah, jadi basa Jawa moal paeh, da terus dilestarikeun ku urang Jawa na, dimana wae, iraha wae. Malahan mah, GOOGLE ge geus ngaku kana basa Jawa, bisi teu percaya mah, Buka http://www.google.co.id, didinya aya pilihan nampilkeun google dina basa Jawa. Pan gagah tah lamun Basa Sunda ge aya didinya?


Hayu ah, urang lestarikeun budaya jeung basa Sunda, lamun lain ku urang, rek ku saha deui? maenya nungguan basa Sunda diaku ku nagara tatangga, karek riweuh ngarasa kaleungitan mah? hahahahah...!

Geus heula ah ngacprukna, cape, komo can manggih dahar mah... :D

Katerangan:
1. Batu Kuda: Tempat wisata nu aya di gunung Manglayang, tempatna teh mangrupakeun leuweung. Batu Kuda na sorangan, mangrupakeun 1 Batu anu gede, nu lamun disidik-sidik mah siga Hulu Kuda.
Tempatna tiis, ngeunaheun lah keur piknik sakulawarga, atawa ngadon Botram. Ngan hanjakal, kurang kaurus, jeung kurang promosi, boh ti pihak pamarentah satempat, atawa ti pihak masyarakat, jadi teu pati loba nu arapaleun ka Batu Kuda.


2. Pasar Minggu 46: Nu ngaranna pasar minggu, ayana ngan poe minggu, tempatna di deukeut SMPN 46 Bandung, jalan Cigagak, Kecamatan Cibiru, Bandung. Didinya tadina mah tempat anu Jogging rarereuh, bari jajan Bandrek, ngan teuing saha mimitina, jol loba weh nu daragang, ti mimiti dagang cangcut nepika dagang motor, aya didinya (jigana kahareupna mah bakal aya nu ngajualan imah didinya, asal ulah nu ngajual diri weh...).

3. Viking: Ngaran salah sahiji klub Bobotoh Persib, aslina mah Viking teh ngaran salah sahiji bangsa Skandinavia, bangsa nu leber wawanen, ngambah laut, ngajajah daratan.

4. Chatting: Program nu bisa nyambungkeun 1 jelema jeung jelema sejenna, keur ngobrol make tulisan, sarua jeung SMS, ngan bedana Chatting mah leuwih condong ka program nu make sambungan Internet. Program ieu aya nu keur komputer, oge aya nu keur hape.



Rabu, 27 Juni 2012

"Voucher"



Si abah nyangka Voucher pulsa teh siga lotre, jadi digosok meh katingali nomerna, lamun sarua jeung nomer hape na, bakal meunang pulsa hadiahna... hahahahaha... :p


Sabulang bentor:

Taun 1980-an, waktu kuring keur leutik keneh, di Indonesia aya nu disebut PORKAS jeung SDSB, eta 2 hal teh mangrupakeun Lotre atawa Undian nu di embel-embelan kecap "Sumbangan", nu hadiahna luar-biasa gedena keur waktu harita (najan waktu ayeuna ge, duit sakitu teh GEDE we keur ukuran kuring mah), nu hiji hadiahna 100 juta, nu hiji hadiahna 1 Milyar... Garila apanan tah?

Loba nu nyebut PORKAS (asal kecapna tina ForeCast nu hartina Ramalan atawa perkiraan) atawa kadieunakeun mah disebut KSOB (Kupon Sumbangan Olahraga Berhadiah) jeung SDSB (Sumbangan Dana Sosial Berhadiah) teh JUDI, tapi teu saeutik jalma nu ngabelaan yen PORKAS jeung SDSB teh beda jauh jeung JUDI. Naon sababna maranehna ngabelaan? Sabab nya tadi tea, kulantaran diembel-embelan kecap "SUMBANGAN", jadi cenah duit nu kakumpul tina pangjualan kupon teh, dipake "NYUMBANG" keur kamajuan Olahraga jeung Sosial.

Dina hiji tulisan, kuring maca yen duit nu kakumpul tina pangjualan teh bisa nepika puluhan nepika ratusan Milyar. Garila nya? Ngan nu jadi pertanyaan kuring ayeuna, KAMARANA ETA DUIT TEH? Perkara bener disumbangkeun atawa henteu na mah, saeutik nu nyaho, lantaran jaman harita mah, Informasi teh mangrupakeun barang mahal, jeung ngan saukur jelema nu nyakola hungkul nu perluna, ari samodel jelema kampung mah, meuli korang salambar teh, lebar kacida, radio oge batrena geus beak, dipoekeun we sapoe jeput, meh ke peuting bisa disada deui, keur saukur ngadengekeun dongeng Sunda.

Balik deui ka masalah JUDI atawa henteuna eta PORKAS jeung SDSB, kalangan ulama negeskeun, yen lamun jelema rek nyumbang, teu kudu ngarepkeun imbalan, komo hadiah nu gedena ratusan Juta nepika Milyar. Nyumbang mang nyumbang we, teu kudu meuli kupon, tah loba keneh nu nalamprak dijalan, neangan duit keur dahar anakna, da jaman harita mah, nu menta-menta teh tara mawa budak leutik, estu bener-bener usaha najan ukur menta, tapi teu make budak leutik nu dijadikeun modal meh kararunyaeun jiga jaman ayeuna, malahan ayeuna mah, budak leutik teh disewakeun ka nu menta-menta, Garila apanan tah?

Nu jelas mah, jelema jaman harita, loba nu ngimpi jadi jutawan ku cara anu kilat, anu akibatna, loba tempat-tempat nu ngadadak karamat, dijadikeun tempat neang wangsit, loba nu gelo jadi selebritis jeung loba jelema ngadadak sakti, da bisa neguh angka nu bakal kaluar. Nepika budak leutik nu teu nyaho nanaon ge, pirajeunan sok ditanya nomer... Garila apanan tah?

Jaman ayeuna, tehnologi geus beuki maju, masih aya keneh JUDI model kitu, lolobana mah make sarana SMS PREMIUM, contona dina siaran langsung SepakBola dina TV, jelema dibibita ku hadiah ti mimiti mobil panganyarna, imah gedong sigrong, duit ratusan juta, atawa barang barang sejenna. Cukup ngirim SMS saloba-lobana (mangkaning 1 SMS teh hargana bisa nepika 2000 rupia), bari jeung teu jelas iraha, dimana jeung kumaha pangundianna teh, anu meunang na ge teuing saha jeung urang mana jelemana, naha bener eta teh? Atawa REKAYASA hungkul? Garila apanan tah?

Katingali lamun bangsa Indonesia mah masyarakatna masih bisa dibobodo, da lantaran memang masih keneh barodo, nu ngaku pinter ge sabenerna mah jelema bodo, da jelema pinter mah teu kudu ngaku ge batur teh geus nyarahoeun yen jelema eta teh pinter, bener teu tah? jeung anehna teh, jelema nu beunghar nu barodo teh, da jelema miskin mah... leuwih BODO... hahahaha... :p
Buktina loba jelema beunghar nu katipu ku dukun "pengganda uang". Dukun nu bisa ngagandakeun duit ge ayeuna mah marake dasi, laptop, jeung mobil keren, usahana diembel-embelan kecap "INVESTASI". padahal mah naon bedana jeung Dukun Pengganda Uang, sarua ngajangjikeun bisa ngagandakeun duit sababaraha tikel, cukup ku modal sakitu juta, hasilna bisa sakitu ratus juta, nu boga duitna mah cukup ku ngimpi we di imah, teu kudu usaha, nyaho-nyaho duitna ngaburingkal we sagede-gede panto, padahal duit nu ku manehna diINVESTASIkeun teh geus hiber dibawa kabur ka luar negri ku DUKUN NA... Garila apanan tah?

Jadi, kuring mah wasiat, ULAH KABITA KU NGIMPI, MENING DUIT SAEUTIK DIPAKE DAHAR ANAK ATAWA DIPAKE MODAL USAHA DARIPADA DIPAKE JUDI, NAON WAE BENTUKNA!
Lantaran JUDI naon wae bentuk jeung ukuranna, lamun teu dibendung, bisa leuwih ngancurkeun hirup tibatan UDUD!

Wassalam... :)

Senin, 25 Juni 2012

"Kartu Hape"


Jadi pedagang mah, kudu siap ngaladenan nu meuli nu kumaha wae. Ulah beda sikep ka nu meuli, rek cacah rek menak, nu meuli mah "RAJA" pikeun nu ngajual. Kudu daek SOMEAH jeung MARAHMAY, najan eta jelema saukur tatanya, lantaran lamun hate eta jelema geus ngarasa senang ku sikep nu ngajual, tadina moal meuli ge, jadi meuli, sanajan isuk atawa pageto meulina mah.
Pangalaman kuring sorangan, lamun barangbeuli kanu ngajualna someah mah, jadi aya rasa percaya, sanajan eta barang butut buktina, tapi hate teu nyalahkeun teuing ka anu ngajual. Beda jeung ka anu ngajualna kucem, judes, pait seuri hese mesem, sanajan barangna marurah, aralus jeung yakin moal nipu, tapi hate geus kaburu hoream, boro-boro hayang meuli, neuleu beungeutna ge hayang ngutahan... (ameh leuwih parah ti nyiduhan maksudna mah).

balik deui ka carita komikna. Carita ieu teh kainspirasian ku carita nyata Cep Uswar (Uswar Cell), nu ngalaman hal pikaseurieun siga diluhur. Sanajan caritana teu 100% mirip, tapi ieu nyaan kajadian. Hatur Nuhun Cep Uswar nu tos masihan Gagasanna... :D

"SIM"


Geus jadi rahasiah umum lamun ngurus naon wae, erek KTP, SIM, STNK, SKKB, nepika Surat Kawin, pasti aya acara haharewosan antara nu butuh Surat jeung "OKNUM" (teuing oknum teh hartina naon?), lamun hayang gancang, bisa ngaliwatan manehna, syaratna kudu daek mayar leuwih mahal, alias NYOGOK nu dialih artikeun jadi UANG JASA.

Pangalaman sorangan ieu mah, nguruskeun memperpanjang STNK motorna babaturan, ka kantor bersama di Soekarno Hatta, mimiti asup ka eta kantor teh ti mimiti eta kantor mukakeun panto, da maksud teh meh teu lila ngantri, jadi meunang bagean pangheulana kahayang mah. ngahaja teu make "JASA" CALO, da pikiran teh surat-surat kumplit, motorna teu bermasalah, indit isuk isuk, piraku teu dilancarkeun mah. Tapi kanyataan na mah PIKANYERIEUN HATE, STNK teh teu anggeus-anggeus, beda jeung CALO-CALO nu bulak-balik, nepika aya 1 CALO 10 kali balikan ka loket panyokotan teh, meni LANCAAAAAARRRR PISAAAAN!!! Naha ari nu Babaturan kuring mah, ditanyakeun teh ngan ditembalanna teh "Maaf pak, STNK nya belum selesai, harap sabar menunggu." kituh???

Panasaran, didagoan ku kuring jeung babaturan nu boga STNK teh, nepika eta kantor erek tutup jam 5 sore, karek petugas nu tukang mikeun surat teh ngageroan, pajar teh "Ini STNK nya sudah jadi" bari nyokot map nu ngajagrag dihareupeunna, NU KATEMPO KU KURING ETA MAP TEH GEUS AYA TI ISUK-ISUK, ALIAS STNK TEH GEUS ANGGEUS TI ISUK-ISUK!!! Ti jam 8 nepika jam 5, kuring dipelak, nepika ayeuna kuring katerap panyakit nyeri suku gara-gara nungguan STNK harita (meh dramatis nyeri hatena).

Tapi keun we, eta mah keur pelajaran kahareupna, hikmah nu bisa dicokot tina kajadian eta, ULAH PEDIT NGABAGI REJEKI KA CALO JEUNG "OKNUM" PATUGAS MISKIN NU NGAHALALKEUN SUAP JEUNG SOGOKAN, DEMI NGAHIRUPAN ANAKNA, PAMAJIKANNA, PAMAJIKAN NGORANA, SALINGKUHANNA, SELIR-SELIRNA, PELACUR-PELACURNA, BANDAR JUDINA JEUNG TUKANG DAGANG SHABU-SHABUNA... HAHAHAHAHAHAH!!! :p

CATETAN: teu sakabeh ngalaman hal ieu, akhir-akhir ieu kuring jeung babaturan ngalaman ditilang, babaturan rek nyogok teh, Pulisi na nolak teges, cenah mening duitna dipake mayar denda, NU DENDA NA TEH TEU SAGEDE NAON NU DISEBUTKEUN KU PULISI LAMUN NILANG DIJALAN!!! CATET!!!
Kan sering nya, pajar teh cenah lamun disidang, dendana sakitu ratus rebu, "bilih bade nitip dendana?" hahahahah!!!
mending ge SIDANG, moal sagede kitu dendana! bisi teu percaya mah, sok we menta ditilang geura... :p
Dina gedena oge dendana, TEU NANAON, bayar we, bonganna ngalanggar aturan, ULAH NUTUPAN KASALAHAN KU KASALAHAN SEJENNA, geus mah ngalanggar aturan lalulintas, der ngalanggar ATURAN HUKUM ku mere SOGOKAN ka PULISI, DOBEL ATUH DOSANA???

Naha jadi curhat ieu teh???

Balik deui ka carita diluhur, carita eta kainspirasian ku babaturan kuring, nu keur merjuangkeun perpanjangan SIM na... mudah-mudahan teu dipelak nepika peuting we... hatur nuhun gagasanna, Um Ziwan... :)

Minggu, 24 Juni 2012

"Biografi"



3AN.


3AN dicokot tina singketan ngaran lalakon utama dina Serial 3AN. Satadina mah, serial nu rek diciptakeun teh memang ngan 3 lalakon utamana, 3AN teh awalna dibaca "Tiluan". Tapi, sakumaha kabiasaan pamingpin bangsa Indonesia, nu prak-prakanna beda jeung rencana (komo jeung jangjina mah, jauuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuuh pisan...), lalakon 3AN teh katambahan lalakon awewe 1 (pangalaman jaman STM, 1 kelas euweuh awewean teh karasana GERSANG). Jadi 3AN akhirna jadi ngandung harti singketan tina ngaran-ngaran lalakon, nyaeta Abah, Asep, Agus jeung Nyai. Tah, samemeh Si Abah (anu nyaanna, nu nulis jeung ngarang ieu komik, nu kasep) boga gagasan keur carita komik nu anyar, mening urang kenalan jeung lalakon nu aya dina serian 3AN.


Abah


Abah mangrupakeun lalakon pangkolotna dina serial 3AN. Dina hasil rekayasa otak kuring, si Abah teh hiji aki-aki nu umurna kira-kira 70 taun, Pangsiunan, malahan jaman perang kamerdekaan teh, si Abah geus miluan perang (ngan masih dina beuteung ema'na, da ema'na teh anggota Laskar Wanita Indonesia).
Si Abah kungsi boga pamajikan, da ceuk kuring ge pan, Gusti Alloh geus nyadiakeun (sahenteuna) 1 awewe keur 1 lalaki. Ngan pamajikan si Abah geus lila maot. Si Abah teu boga budak teges. Sanggeus pangsiun, si Abah kungsi naek Haji  jeung ngabangun Rumah Singgah Yatim Piatu, ngan kulantaran euweuh perhatian ti pamarentah satempat (da pamarentah pusat moal merhatikeun lamun pamarentah daerah teu mere laporan mah), akhirna eta Rumah Singgah Yatim Piatu teh bangkrut, da teu boga biaya keur ngurus budak yatim piatu nu beuki dieu beuki loba (saluyu jeung perkembangan jaman, beuki loba budak euweuh bapaan, bet indungna ge teuing numana...). Ti imah Yatim eta, si Abah mertahankeun 3 budak, nyaeta si Agus, jeung adi lanceuk si Asep jeung si Nyai.

intermezo:
tanya: si Abah teh pernah Haji, naha teu disebut Haji Abah, atawa Abah Haji?
jawab: "Haji" mah salah sahiji rukun Islam, lain pangkat, lain sebutan, teu wajib dirarangkenkeun dina ngaran.
tanya: apanan ngajenan kanu geus mampuh indit naek haji, minuhan kawajiban rukun Islam?
jawab: berarti nu indit Haji hayang disebut teh ngan hayang diajenan hungkul ku tatangga atuh ari kitu mah?
nu nanya ngaleos da embungeun pasea jeung si Abah...


Asep


Si Asep, budak nu pangkolotna diantara 3 budak nu diurus ku si abah. Manehna jeung adina nyaeta si Nyai, ditinggal maot ku kolotna (alesan teu dibawa maot teh ceuk kolotna mah, ridu mamawa). Manehna ngan sakola nepika tamat SMP, kulantaran si Abah teu kuat ngabiayaan, jeung si Asepna geus embungeun sakola, leuwih milih digawe mantuan si Abah ngabiayaan adi-adina. Si Asep dangdan jiga pemaen band metal, tapi ulah salah, si Asep resepna ngadengekeun calung Darso, malah cenah, buuk panjangna teh, kapangaruhan ku panampilan almarhum Darso. Si Asep gawena sagawe-gawe, sakapeung jadi wakil supir alias kenek angkot, sakapeung jadi wakil direktur (hah???), pokona mah, naon nu bau-bau "wakil" we, ngan nu can (jeung jigana mah moal) kaalaman ku si Asep teh jadi Wakil Rakyat. Si Asep pangabeukina dahar jeung sare, sapoe bisa lima kali dahar, lima kali sare, sakali sare lima jam...


intermezo:
tanya: 5 kali sare, sakali sare 5 jam? 25jam atuh?
jawab: muhun A... pinter gening nya ngetangna?
tanya: iraha digawena ari kitu mah???
jawab: ngaranna ge ngarang, bebas we, nu penting mah usaha lucu!!!

nu nanya ngaleos deui da angger embungeun pasea jeung si Abah...



Agus


Si Agus ti orok beureum geus dirorok ku si Abah. Manehna mah ditinggal maot ku indungna nu kagegeringan ditinggalkeun salingkuh ku salakina nu cenah salingkuhna teh gara-gara nyeri hate ditinggalkeun gawe ka Arab ku pamajikan ngorana nu lantaran cenah pamajikan ngorana teh ditinggalkeun balik ku kabogohna nu urang Arab nu ngomongna mah hayang balikna ka arab teh lantaran ditinggalkeun maot ku indungna si Agus... lieur pan???
Si agus umurna teu jauh jeung si Asep. Si Agus jeung si Asep geus jiga dulur teges, sobat dalit, tapi kadang jadi musuh bubuyutan (dina urusan awewe jeung dahareun). Si Agus kungsi kuliah di UnDim LA (Universitas Dimensi Lain) jurusan Tehnik Komputer, ngan teu tamat, da kaburu hoream nuluykeun, jeung euweuh biaya. Akhirna si Agus milih digawe mantuan si Abah jeung si Asep ngabiayaan hirup jeung sakola si Nyai. Kalakuan si Agus, manehna paling jail diantara 3 budak si Abah.

intermezo:
nu nanya can nyampeurkeun deui, jigana mah sieuneun keneh...


Nyai


Si Nyai hiji-hijina budak awewe nu nyesa nu diurus ku si Abah. Manehna budak anu "gaul", ngarti tehnologi, jeung resep kukurilingan di dunia Internet. Budakna sopan, tara ngomong kasar, ngan rada ogoan, lantaran paling diogo ku si Abah. Si Nyai dipikanyaah pisan ku lanceuk-lanceukna, komo pan ceuk si Asep mah "lamun urang teu nyaah ka si Nyai, kumaha lamun si Nyai dikawin kunu beunghar, tuluy teu nyaah ka urang? Moal milu beunghar atuh?".
Ayeuna si Nyai geus kelas 3 SMA Negri 1 Bojong Bohong (ngan sakumaha dipikanyaho ku balarea, lalakon mah moal ngalaman kamajuan dina hirupna, contona si Unyil, ti jaman kuring budak, nepi ka ayeuna geus reuay anak, angger we sakitu), cita-citana hayang kuliah di UnTung LA (Universitas Tungtung Langit) jurusan kebidanan atawa dokter Anak. Karesepna lalajo wayang golek jeung Benjang*.

intermezo:
kamana nu nanya teh? balik kitu?

Lalakon lainna mah, teu kudu dicaritakeun asal muasalna, lantaran kuring can aya rencana nambahan penduduk di dunya dimensi lain nu aya di tungtung langit ieu, jeung pangpangna mah, cape geningan mikir bari ngetik, katambah ku loba salah ngetikna, nepika tombol Backspace dekok da digebugan wae saking ku kesel...

Katerangan:


1. Benjang: Kasenian daerah Ujung Berung, nu mintonkeun ibingan jeung bela diri. Benjang cenah mah mangrupakeun hiji seni bela diri keur para pajuang kamerdekaan, lantaran Ujung Berung teh mangrupakeun salah sahiji basis perjuangan kamerdekaan. Bela diri Benjang hampir sarua jeung Gulat modern, ngan bedana, dina benjang mah, euweuh batesan kelas, nu awakna sagede buta ge meunang lawan nu awakna sagede korek, ari teu era mah... heheheh... :p
ngan beuki kadieuna mah, kasenian benjang gelut, geus jarang diayakeun, lantaran geus kurang sumber daya pamuda nu boga wawanen gelut benjang hiji lawan hiji, wanina rempugan bari eta ge ngan wani hohoak hungkul, ditambah wanina ngagebugan nu teu ngalawan, atawa lamun hiji lawan hiji tea mah, wanina ngabongohan...

2. Lalakon, kajadian jeung carita nu aya dina serial komik ieu ngan saukur dongeng, henteu nyata, ngan lamun aya anu mirip jeung kajadian nyata, eta mah murni teu dihaja jeung kuring menta dihampura lamun karasana kurang merenah, Kuring euweuh maksud ngaheureuykeun, ngahina, ngagogoreng pihak lain, saestuna ieu mah lahir tina hasil pamikiran kuring sorangan.

3. cape... enggeusan heula ah ngetikna... :D

Jumat, 22 Juni 2012

"Jurig"


Jadi jelema mah ulah adigung, ulah ngarasa diri leuwih ti batur, sabab loba keneh jelema nu leuwih ti diri urang. Jeung ulag nyeungseurikeun kalemahan batur, lamun urang can nyaho kalemahan diri sorangan. Contona si Agus dina carita ieu, manehna nyeungserikeun si Nyai jeung si Asep nu sieuneun ko popoconganna si Agus, padahal manehna ge sieunan, buktina sarua we ngacir disingsieunan ku si Abah... Ah si Abah mah, aki-aki ge beuki heureuy... :D

Kamis, 21 Juni 2012

"Hape rusak"


Budak jaman ayeuna mah, mahal mahal disakolakeun, tapi teu nyarakola, alesanna mah "gaul", beuki loba nu teu bisa nulis/ngetik bener, naha alatna nu rusak atawa jarina nu semplak? hahahahah....!

Rabu, 20 Juni 2012

Create A Comic: Aplikasi keur nyieun komik dina Android

Keur dulur nu boga HP Android, nu hayang nyieun komik strip sorangan, bisa make aplikasi ieu: Create A Comic.
Aplikasi ieu geus nyadiakeun sababraha Karakter, nyaeta gambar gambar jelemana, jeung sababaraha gambar latar, keur nambah daya tarik komik dulur.
Cara makena ge gampang pisan, tinggal Klik gambar nu dipikahayang, terus tarik katempatna. Leuwih jelasna mah, bisa ditingali dina Video dihandap.
Aplikasi ieu bisa didownload langsung tina HP dulur ti Google Play.







mangga ditingal videona:

Conto hasilna tina aplikasi ieu bisa ditingali dina komik "Preman""Ngimpi"Listrik (bag 1), jeung Listrik (bag 2).
Komik lianna tinu diluhur, dijieunna make aplikasi anu beda, kalayan keur dinu Komputer, Tapi InsyaAlloh bakal dipedar oge ku kuring di blog ieu.

"Kenalan"


Nasib jadi jelema pas-pasan  diantara awewe, boro-boro nu geulis, nu goreng patut ge arembungeun wawuh... tapi gusti Alloh geus ngajangjikeun, bakal aya (sahenteuna) 1 awewe keur 1 lalaki, jadi ka anu masih keneh lelengohan (lemesna tina JOMBLO), ulah salempang, pasti bakal aya jodo keur aranjeun, ngan duka iraha, duka dimana... Jadi, terus usaha!!! :D

"Jarak"


Jauh mana cing?

"Teu Puguh"


Nyobaan make aplikasi dina PC keur nyieun komik ieu (Aplikasina baris dibahas, tapi engke, kahareupna), geningan leuwih alus hasilna, ngan pedah kudu ngagambar sagala rupana ku sorangan, beda jeung nu dinu HP, nu gambar jelema jeung latarna geus disadiakeun tinggal make.
Ayeuna mah komikna geus make judul, jadi meh leuwih Professional katingalina, hehehe...
Ngan waktu nyieun komik ieu teh, bener-bener keur teu boga gagasan, jadi weh asal-asalan. Ngan untung we, aya keneh nu nyebut lucu kanu komik ieu... hahahah! Hatur nuhun ah!

Selasa, 19 Juni 2012

"Listrik" (bagian 2)


Ngelingan batur mah sakali sapoe teh geus mineng teuing, ulah eta teh, matak kesel kanu dielinganna. Nu tadina ditarima hade ge, lamun mineng teuing mah jadi ngabosenkeun, ngeselkeun atawa piambekeun batur. Jadi weh dibabuk tah ku panakol bedug... :D

"Listrik" (bagian 1)


Jadi jelema mah ulah waka ngomongkeun kagorengan batur, tingali heula kagorengan diri sorangan. Ulah ambek batur ngalakukeun kagorengan ka diri urang, bisa jadi eta teh akibat tina kalakuan urang sorangan... Hahahahah! (diajar mapagahan batur, padahal diri sorangan ge papagahaneun keneh)

"Ngimpi"


Ceuk kolot mah, ulah hirup dina ngimpi, mun teu salah artina, ulah hirup pinuh ku kahayang hungkul, tapi euweuh usaha nyumponan kahayang eta, ulah ngan saukur hayang, tuluy hayang aya kaajaiban, kahayang eta teh jadi kanyataan.

Komik ieu teh komik kadua hasil karya kuring, masih make aplikasi HP.

"PREMAN"


Ieu teh komik strip nu mimiti pisan dijieun ku kuring, make bantuan aplikasi keur HP Android. Komik ieu teh dijieun dina kaayaan tunduh jeung saking ku barosen euweuh gawe. Tapi komik ieu teh jadi gagasan kuring keur nyieun komik deui, jeung gagasan nyieun Blog ieu. Satadina mah rek nyieun komik Bahasa Indonesia, ngan dipikir-pikir, asa geus loba nu nyieun komik model kieu make bahasa Indonesia mah, jadi kuring nyieun make Bahasa Sunda, bari itung-itung milu ngamumule bahasa sorangan, sanajan teu bisa ngomong/nulis ku bahasa anu alus tur lemes, tapi kuring Reueus ku bahasa sorangan.

Ngeblog deui!

Assalamu'alaikum Wr Wb...
Dinten ieu, sim kuring muka Blog ieu (bahasa sunda na "Blog" teh naon atuh nya?), kangge reresepan, kangge mintonkeun kaahlian (sanaos teu acan ahli ge) dina widang gagambaran, sareng kangge ngajak urang Sunda (khususna) ngamumule budaya sareng bahasa sunda.

Gambar nu baris dipintonkeun ku sim kuring mangrupi KOMIK (Carita gambar) pondok, upami dina bahasa linggis na mah Comic Strip, alias Komik sasetrip... :D

Komentar, kritik sareng saran ti salira nu nyumpingan Blog sim kuring ieu, kalintang dipiharepna, eta teh mangrupikeun suntikan sumanget kangge teras ngadamel karya.

Moal seueur nu dipicatur, mangga urang ngawitan wae!

Hatur nuhun, Wassalam...