Senin, 29 April 2013

Salah Ngaran, atawa salah nu ngaranan?


Si Nyai nyoba asup ka Facebook, tapi kieu hasilna... (klik gambarna supados ngaageungan)


Sabulang bentor:
Geus jamanna meureun ayeuna mah, barudak ngora teh (aki-aki ge ketang), mun teu milu Jejaring Sosial kasebut teu Gaul cenah.

Keun we ari pipilueun kanu Jejaring Sosial na mah, meh loba batur, meh loba wawasan, meh teu kurung batok, meh nyaho yen alam dunya teh teu ngan saukur sajauh imah jeung sakola atawa tempat ulin, meh nyaho yen di tempat sejen di planet ieu ge loba jelemaan, ngan nu jadi pikahariwangeun na teh, pangaruh gorengna tina Jejaring Sosial khususna jeung Internet umumna, nu hese pisan (jeung sigana mah moal bisa) dibendung.

Salah sahiji pangaruh goreng tina pergaulan teh nyaeta pamakean tulisan nu jajauheun jeung EYD (Ejaan Yang Disempurnakan), ngarobah ngaran tinu ngaran nu sakitu alus pinuh ku do'a kolotna, jadi ngaran nu hartina ge teuing nanahaon, jeung sajabana. Siga dina gambar diluhur, ngaran si Nyai teh apanan Nyai, naha jadi kitu tah? ngaran papanjang panjang, bari tulisanna teh siga kode produksi barang, campuran huruf gede leutik eujeung angka, malah ayeuna mah tulisanna teh marake simbol-simbol nu teu kaharti ku batur.

Naha guru nu salah mere pelajaran bacaan jeung tulisan, atawa budak nu salah milih guru?

Naha kolot nu salah mere ngaran atawa nu dibere ngaranna nu salah milih kolot kitu?

Wallohua'lam...