Rabu, 26 September 2018

Pasea


Sato mah memang sato, ngan boga naluri, saeutik nu boga akal. Beda jeung jelema, anu sampurna, anu dibere nafsu, akal jeung akidah.
Ngan teu saeutik manusa anu hirupna ngan saukur ngagugu nafsu, teu make akal jeung pikiranna, hirup sangeunahna, teu mikiran batur jeung hayang meunang sorangan. Anu penting kuring senang, paduli teuing batur sangsara ku kalakuanna.
Manusa model kieu anu luas maling, wani nyiksa atawa tega maehan anu sejen. Kalakuan kieu teh sakapeung mah sok asa leuwih hina tibatan anjing. Anjing mah maling dahareun, tara bari maehan anu bogana lamun kapanggih, lamun zinah heug reuneuh tuluy ngajuru, anakna tara dipiceun ka walungan. Anjing mah lamun dilatih bener-bener, bisa nurut, daek hirup babarengan, tong boro sifatna jeung sarua anjing, dalah eujeung ucing oge anu bisa disebut musuh gerotna oge daekeun.

Loba kolot anu ngantep anakna robah sikep jadi jahat, boh tina omongan atawa tina kalakuan, lantaran dianggapna saukur bangor biasa, padahal eta teh bibit tina kajahatan anu leuwih gede. Contona, ngomong kasar ka kolot, ka babaturan atawa ka deungeun-deungeun. Basa nu dipake teh jauh tina adab, ngucapkeun "Anjing", "Goblog" jeung sajabana teh meni hampang, jiga nu euweuh beungbeurat dina letahna. Tuluy ngalakukeun kajahatan leuleutikan, ti mimiti nyoret-nyoret tembok batur ku cet semprot, maling barang babaturan, atawa ngabohong. Lila lila eta budak wani ngalakukeun zinah, mabok, nyiksa budak batur nepi ka nandasa.

Naha ieu teh awal tina hiji evolusi manusa jadi sato? Na'udzubillah...

Jumat, 27 Juli 2018

Kunti






Jaman kiwari mah, jelema bisa sangeunahna nyebarkeun beja, rek nu bener atawa nu bohong, cukup ku ngetik saeutik dinu HP, terus bagikeun ka sakur-sakur jelema nu aya dinu kontakna, beres. Eta beja bisa nyebar ka sa-alam dunya dina waktu itungan detik, kaasup beja anu bohong, anu matak ngarugikeun atawa anu sifatna nyingsieunan hungkul.

Sababaraha alesan hiji jelema nyieun beja anu bohong, aya anu ngan saukur heureuy, aya nu hayang kakoncara, aya oge anu hayang nyieun kaributan jeung nyingsieunan batur sangkan batur teh hirupna teu tenang teu weleh aya dinu kahariwang.

Ari ceuk kuring mah, jelema anu resep nyebarkeun beja anu pikasieuneun teh kaasup teroris, kudu dicerek ku Densus 88. Da hartina Teroris teh jelema anu nyebarkeun beja atawa ancaman anu matak pikasieuneun jeung pikahariwangeun.

Carana megatkeun rante beja anu bohong salah sahijina urang kudu daek mariksa fakta tina beja anu katarima samemeh disebarkeun deui ku urang, sok komo lamun eta beja teh datangna ti sumber nu kurang bisa dipercaya, contona tina sosial media (WA, BBM, FB, jeung sajabana).

Hatur nuhun :)

Kamis, 26 Juli 2018

Ngamen





Agus jeung Asep mimiti bosen jadi pangangguran. Ayeuna maranehna hayang nyoba pagawean anu teu butuh modal, cukup ku kadaek jeung bakat saeutik nyaeta ngamen.

Ngamen teh pagawean anu enteng bangga, lantaran anu ngamen kudu boga sora ngeunaheun jeung bisa maen musik, goreng-gorengna bisa gegenjrengan make gitar.

Teu saeutik tukang ngamen anu ngan modal nekad hungkul, bari sora manehna teh lamun dibandingkeun jeung sora domba nu keur beger mah, ngeunaheun keneh sora Yayan Jatnika kamana-mana. Ngan kulantaran meureun euweuh deui pakasaban anu bisa dipigawe samentara pangabutuh geus teu bisa diengkekeun deui, antukna indit ngider dagang sora. Lamun ceuk kang Irwan Ernawan mah, sugan weh jelema teh barosen ku sora anu ngeunaheun.

Atawa bisa jadi oge eta tukang ngamen teh ngarasa yen ngamen teh enteng, cukup ku gegerewekan bari gegenjrengan, engke ge nu ngadengekeun bakal marere duit da asa kagandengan jeung kaganggu, meureun... Teuing atuh ah.

Hapunten ka sakur-sakur tukang ngamen, da kuring mah teu ngewa, ngan kahayang teh lamun rek ngamen, latihan heula, meh ngeunaheun kanu ngadengekeunna. Da lamun ngeunaheun mah, kuring ge moal lebar mere 10 rebu najan menta dipulangan 9.500 oge...

Selasa, 24 Juli 2018

Pindah Imah





Ngeunahna jadi jelema beunghar, jadi jelema pinter, rek pindah kamana ge laluasa, loba tempat pangbalikan, beda jeung nu sangsara, geus mah imah ngan hiji jaba geus reyod jeung tanahna ge diparebutkeun ku dulur jeung tatangga. Nasib... (Teu nyambung jeung komikna nya? Bae we ah...)

Sabtu, 21 Juli 2018

DIPAEHAN SIAH KU AING!




Si Agus rek teu nafsu kumaha coba? Geus mah narumpang di imahna jaba garandeng uggal peuting. Anu leuwih pikakeseleunna mah, eta kakaren ti si Abah, beak diparalingan... Bener-bener nincak hulu pisan eta mangkluk-mangkluk teh!