Minggu, 22 Juli 2012

"Runtah"

Geus 2 minggu leuwih yeuh kuring teu gagambaran... Biasa we, pangaresep mah kudu eleh ku pangabutuh, sanajan resep gagambaran jeung ngacapruk, tapi teu bisa nyumponan pangabutuh mah, wayahna we kudu dieureunan heula... heheheh...
Tah ayeuna hayu urang gagambaran jeung ngacapruk deui, pamiarsa... :D






Kamajuan jaman geus moal bisa dibendung, sagala tehnologi geus nyarampak, pakakas nu Caranggih geus balatak, jelema geus beuki palinter, sigana jaman kiwari mah geus moal manggih jelema nu teu bisa maca maca acan mah. Ngan, kamajuan jaman nu sakieu pohara na teh teu diimbangan jeung ningkatna kadisiplinan jeung kasadaran jelemana (urang Indonesia khususna mah).

Urang cokot conto dina urusan Runtah. Runtah geus jadi masalah nu hese (bisa jadi mustahil) dituntaskeun, sabab runtah dihasilkeun unggal poe, jeung lain beuki saeutik jumlah runtah, malah beuki loba. Contona wae, baheula mah dahareun teh dibungkus make dadaunan, tapi ayeuna mah, dahareun saeutik ge, bungkusna make palastik, nu geus pada nyaho, lamun palastik teh runtah anu panghesena ancur, beda jeung dadaunan. Mangkaning jaman ayeuna mah, imah-imah masyarakat teh geus jarang nu boga pakarangan, atawa lahan keur saukur ngaduruk runtah, jadi runtah ti imah teh kudu dipiceun kaluar, kahiji tempat, anu jauh ti imah nu nyieun runtah.

Akibatna kumaha? Loba tanah atawa lahan nu tadina lain wadah runtah, jadi siga TPS (tempat penampungan sampah), kulantaran aya saurang anu ngamimitian miceun runtah kadinya, tuluy ditarurutan kunu sejenna. Atuh puguh we nu boga lahan teh ngarasa teu suka, lahanna dijieun pamiceunan runtah umum, nepika ditarulisan, ti saukur tulisan nu masih keneh kaasup lemes, nepika tulisan anu nga (punten) Anjing-anjing kanu miceun runtah. Tapi... Kulantaran euweuh anu nganyahoankeun, nu miceun runtah teh tenang we, nuluykeun kabiasaanna, teu malire kanu tulisan, teuing teu belul maca, teuing memang teu ngarti kana naon nu ditulis kunu boga lahan. Nu jelas mah, nu miceun runtah teh pasti jelema BODO, lantaran nu PINTER mah, kajeun jauh ngagigiwing runtah, neangan tempat pamiceunan runtah anu bener (da piraku euweuh pisan mah, sahenteuna, di 1 kacamatan, pasti aya 1 tempat miceun runtah), lain miceun sakarepna di lahan batur.

Acan deui runtah anu dibalangkeun ka walungan, ti baheula pihak pamarentah geus mere larangan miceun runtah ka walungan, rek naon wae bentukna, rek sakumaha wae ukuranna, nu ngaran runtah, TEU MEUNANG DIPICEUN KA WALUNGAN, tapi sakali deui, jelemana nu BARODO, nu keukeuh peuteukeuh miceun runtah ka walungan, ti mimiti ukurang kantong keresek, nepika limbah pabrik, nu geus mah bau, hideung, ngandung RACUN, dipiceun ka walungan. akibatna waungan jadi kotor, bau, jeung caina geus moal bisa dipake hirup keuyeup-keuyeup acan...

Sahur heula ah... :D

Kamis, 19 Juli 2012

Waktu jeung usum dina basa Sunda


Urang Sunda, utamana mah nu hirup dijaman baheula ("Baheula" didieu sahenteuna nepika jamanna Almarhum pun Bapa jumeneng keneh), boga sebutan anu Khas keur nangtukeun atawa nyebutkeun waktu dina sapopoe, atawa sebutan keur mangsa usum-usuman. Kulantaran beuki majuna jaman jeung beuki saeutik nu make sebutan wanci dina basa Sunda, sebutan-sebutan wanci teh beuki ngaleungit, lantaran jelema modern mah leuwih gampang nginget-nginget "Jam 8 isuk-isuk" tinimbang "wanci haneut moyan".
Tah dumasar kana hal eta, kuring rek medar sebutan-sebutan wanci jeung usum dina basa Sunda, nu meunang nyutat ti Wikipedia (Alhamdulillah, aya nu masih keneh inget jeung daek nulis kabudayaan basa Sunda di dunya nu geus sagala modern kieu).

Ngaran-Ngaran Waktu Dina Sapoé Sapeuting Dumasar Kana Kajadian Alam

1. Wanci tumorék nya éta wanci keur meujeuhna saré tibra (kira-kira tabuh 00.30)
2. Wanci janari sapi kira-kira tabuh 01.00
3. Wanci janari leutik nya éta wanci liwat tengah peuting (kira-kira tabuh 01.30)
4. Wanci janari gedé kira-kira tabuh 02.00
5. Wanci disada rorongkéng nya éta wanci disada kongkorongok hayam sakali (kira-kira tabuh 02.30)
6. Wanci haliwawar nya éta wanci disada kongkorongok hayam dua kali (kira-lira tabuh 03.00-03.30)
7. Wanci janari kira-kira tabuh 04.00
8. Wanci balébat nya éta udat-udat beulah wétan dina waktu rék pajar (kira-kira tabuh 05.00)
9. Wanci carancang tihang nya éta wanci liwat pajar, téténjoan remeng-remeng kénéh (kira-kira tabuh 05.30)
10. Wanci murag ciibun/meleték sarangéngé nya éta wanci mimiti témbong panonpoé, ciibun nu ngagarenclang dina dangdaunan mimiti murag (kira-kira tabuh 07.00)
11. Wanci haneut moyan nya nya éta wanci keur sedeng dipaké moyan (kira-kira tabuh 08.00)
12. Wanci rumangsang nya éta wanci sabada haneut moyan panonpoé mimiti karasa panas (kira-kira tabuh 09.00)
13. Wanci pecat sawed kira-kira tabuh 10.00 (munding nu dipaké magawé dilaanan/dipecat sawedna tina beuheung munding nu narik wuluku/garu), di tempat-tempat panas tabuh 10.00, di tempat-tempat nu hawana tiis tabuh 11.00
14. Wanci manceran/tengah poé nya éta panonpoé aya di luhureun embun-embunan; panonpoé keur meujeuhna mancer (kira-kira tabuh 12.00)
15. Wanci lingsir ngulon nya éta wanci panonpoé ngésér ka kulon (kira-kira tabuh 14.00)
16. Wanci panonpoé satungtung nya éta waktu panonpoé satungtung (kira-kira tabuh 15.00)
17. Wanci tunggang gunung nya éta waktu panonpoé geus rék surup ayana dina luhureun gunung (kira-kira tabuh 16.00-17.00)
18. Wanci sariak layung nya éta wanci layung di langit katénjo beureum (kira-kira tabuh 17.00-18.00)
19. Wanci érang-érang nya éta waktu panonpoé rék surup (kira-kira tabuh 17.30-18.00)
20. Wanci sareupna/harieum beungeut nya éta waktu geus mimiti reup poék (kira-kira tabuh 18.00-18.30)
21. Wanci sareureuh gaang nya éta waktu gaang eureun disada (kira-kira tabuh 19.00)
22. Wanci sareureuh budak nya éta waktu barudak leutik geus mimiti saré (kira-kira tabuh 21.00)
23. Wanci sareureuh kolot nya éta waktu kolot mangsana reureuh (kira-kira tabuh 22.00)
24. Wanci tengah peuting kira-kira tabuh 24.00.

Sesebutan Waktu Dumasar Kana Waktu Ibadah

1. Pajar kira-kira tabuh 04.00 waktu rék meleték panonpoé
2. Imsak kira-kira 10 menit saméméh waktu subuh
3. Subuh kira-kira tabuh 04.30-05.00
4. Duha kira-kira tabuh 08.00-09.00
5. Lohor kira-kira tabuh 12.00
6. Bada lohor kira-kira tabuh 12.30-13.00, waktu sanggeus kadéngé bedug lohor
7. Asar kira-kira tabuh 15.30
8. Magrib kira-kira tabuh 17.30-18.00, waktu geus mimiti poék pikeun ngalaksanakeun sholat magrib
9. Bada magrib kira-kira tabuh 18.00-19.00, waktu saréngséna sholat magrib
10. Isa kira-kira tabuh 19.00, waktu pikeun ngalaksanakeun sholat isa
11. Bada isa kira-kira tabuh 19.00-20.00, waktu sanggeus ngalaksanakeun sholat isa.

Sesebutan Waktu nu Patali jeung Poé

1. Isuk-isuk kira-kira tabuh 05.00-10.00, wanci bada subuh nepi ka kira-kira pecat sawed
2. Beurang nya éta ti mimiti meleték panonpoé nepi ka surupna
3. Pabeubeurang kira-kira tabuh 11.00-14.30, waktu sabada pecat sawed nepi ka waktu panon poé satungtung
4. Pasosoré kira-kira tabuh 15.00-18.00, waktu sabada panon poé satungtung nepi ka waktu sareupna
5. Peuting nya éta waktu ti barang surup panonpoé nepi ka meletékna deui
6. Poé ieu nya éta waktu anu ayeuna keur dilakonan
7. Isukan nya éta sapoé nu bakal datang
8. Pagéto nya éta heuleut sapoé ti ayeuna ka hareup (dua poé nu bakal datang)
9. Pagéto amat nya éta heuleut dua poé ti ayeuna ka hareup (tilu poé nu bakal datang)
10. Kamari nya éta poé nu geus kaliwat sapeuting
11. Mangkukna nya éta kamarina, heuleut sapoé ka tukang (poé nu geus kaliwat dua poé)
12. Tilu poé ka tukang nya éta waktu nu geus kaliwat tilu poé.

Waktu nu Patali jeung nu Geus Kalakon

1. Ayeuna nya éta waktu nu keur dilampahan
2. Bieu nya éta waktu nu cikénéh karangdapan
3. Cikénéh nya éta panuduh waktu nu geus kaliwat, pandeurieun bieu
4. Tadi nya éta waktu nu can lila kaliwatna
5. Engké/mangké nya éta nuduhkeun waktu (deukeut nu bakal kasorang).

Sesebutan Waktu nu Patali jeung Jaman

1. Kiwari nya éta jaman nu keur dilakonan ayeuna
2. Baréto nya éta jaman nu geus lila kaliwat
3. Baheula nya éta jaman nu geus lilia kaliwat béh ditueun baréto
4. Bihari nya éta jaman nu geus kaliwat lila pisan
5. Jaga nya éta jaman nu lila kénéh bakal kasorang
6. Isuk jaganing géto (pagéto) nya éta jaman nu moal lila bakal kasorang
7. Baring supagi nya éta isuk jaganing géto, dina waktu nu bakal datang.

Sesebutan Waktu Séjénna

1. Sakiceup nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan
2. Sakedét nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan
3. Sakilat nuduhkeun waktu nu sakeudeung pisan, diupamakeun kana liana kilat nu ngaburinyay
4. Saharita waktu éta atawa harita kénéh
5. Sajongjongan nuduhkeun waktu sawatara sekon
6. Sakedupan nuduhkeun waktu saharita, jero sawatara sekon
7. Sapanyeupahan nuduhkeun waktu nu teu sabaraha lilana, kira-kira lilana sarua jeung nu keur nyeupah
8. Sapangéjoan nuduhkeun waktu nu rada lila, kira-kira lilana sarua jeung nu keur ngéjo (nyangu)
9. Sapoé sapeuting nuduhkeun waktu anu lilana dua puluh opat jam
10. Saminggu nuduhkeun waktu anu lilana tujuh poé
11. Sabulan nuduhkeun waktu anu lilana opat minggu (28,29,30 atawa 31 poé)
12. Sabulan campleng nuduhkeun waktu anu lilana sabulan jejeg
13. Saumur jagong nuduhkeun waktu anu lilana sarua jeung umur melak jagong, kira-kira tilu bulan satengah
14. Sausum nuduhkeun waktu anu dicirian ku sakali usum, upamana usum hujan, usum kadu
15. Sataun nuduhkeun waktu anu lilana dua welas bulan
16. Sataun landung nuduhkeun waktu anu lilana dua welas bulan leuwih
17. Sawindu nuduhkeun waktu anu lilana dalapan taun
18. Saabad nuduhkeun waktu anu lilana saratus taun
19. Samilénium nuduhkeun waktu anu lilana sarébu taun.

Usum-Usuman


Usum-usuman nya éta waktu anu nuduhkeun usum atawa waktu nu tangtu, upamana waé usum hujan, usum kadu.Usum-usuman bisa dibagi sababaraha waktu, saperti dihandap ieu.

Waktu nu Patali jeung Kayaan Alam

1. Usum mamaréng nya éta usum mimiti ngijih
2. Usum ngijih nya éta waktu mindeng turun hujan
3. Usum dangdarat nya éta usum panyelang antara ngijih jeung katiga, hujan jeung halodo kakapeungan
4. Usum katiga nya éta usum halodo, usum teu hujan
5. Usum barat nya éta usum angin grdénu jolna ti kulon, pacampur jeung hujan
6. Usum selatan nya éta usum loba angin nu jolna ti kidul-wétan.

Waktu Nu patali jeung Kaayaan nu aya di Masarakat

1. Usum ngagebug nya éta usum loba nu gering parna, loba nu maraot
2. Usum sasalad nya éta usum loba panyakit nu babari tépa
3. Usum parepok ny éta usum loba nu kawin
4. Usum paceklik nya éta usum kurang dahareun, pangpangna béas atawa paré, usum paila
5. Usum tigerat nya éta usum paceklik
6. Usum nguyung nya éta usum paceklik.

Waktu nu Patali jeung Tatanén di Sawah

1. Usum nyambut nya éta mangsa ngagarap sawah
2. Usum tebar nya éta mangsa ngawurkeun binih kana pabinihan
3. Usum tandur nya éta mangsa melak binih parénu tos jadi di kotakan sawah
4. Usum ngarambét nya éta mangsa miceunan jukut nu jaradi antara tangkal paré di sawah
5. Usum celetu nya éta mangsa siki paré geus mimiti cul-cel baruahan
6. Usum beukah nya éta mangsa paré areusian, bareukah
7. Usum rampak nya éta mangsa paré geus rampak kaluar humbutna
8. Usum beuneur héjo nya éta mangsa paré geus beuneur tapi masih kénéh héjo
9. Usum pibuateun nya éta mangsa paré ngadagoan waktu nu mustari pikeun dipanén
10. Usum panén nya éta mangsa paré diala (dibuat).

Waktu nu Patali jeung Tatanén di Huma

1. Usum nyacar nya éta mangsa nyacar leuweung pihumaeun
2. Usum ngahuru nya éta mangsa ngaduruk kai jeung kakayon séjénna
3. Usum ngaseuk nya éta mangsa melak paré huma
4. Usum ngoréd/ngoyos nya éta mangsa meresihan jukut nu jaradi antara luwukan paré ku koréd
5. Usum dibuat/ngétém nya éta mangsa ngala paré (maké étém).


Mudah-mudahan tuisan ieu sahenteuna bisa ngajadikeun pangeling pikeun urang Sunda khususna, yen nyatana basa Sunda teh sakitu beungharna.
Hatur nuhun.... :)

Rabu, 18 Juli 2012

Marhaban Yaa Ramadhan!

Wilujeng sumping sasih Ramadhan!
Bulan nu pinuh ku berkah, rohmat sareng panghampura...
Bulan dimana umat Islam khususna, ngalatih diri, nahan hawa nafsuna.
Bulan dimana umat Islam khususna, ningkatkeun kaimanan jeung kataqwaan.
Bulan anu Suci, Bulan pangampunan dosa - dosa...

Bulan dimana loba nu dagang pepetasan, nu matak ngabahayakeun jeung ngagandengan...
Bulan dimana loba nu puasa tapi dahar saurna jam 8 isuk-isuk, ngabatalanna jam 12 beurang.
Bulan dimana loba sinden dangdut nu biasana make cangcut hungkul, ngadadak make jilbab jeung ngahaleuang tembang Qasidah.

ngan nu paling matak seueul kanu angen mah:
BULAN DIMANA HARGA SEMBAKO NARAEK NEPIKA 100%
BULAN DIMANA LOBA NU DAGANG PAHEULA HEULA NGAGUNDUKEUN BARANG DAGANGANNA, PAJAR TEH "KELANGKAAN BARANG".
BULAN DIMANA LOBA NU DARAGANG NGADADAK SARAKAH, NGAMANFAATKEUN KASEMPETAN, ABONG LOBA NU BUTUH, MATOK HARGA TEH SAKAREPNA.

Siga nu geus jadi kabiasaan jeung tradisi, lamun nyanghareupan Bulan puasa Romadhon teh, komo dina waktu Munggah Puasa (poean munggaran Bulan puasa), sagala harga bahan poko teh ting terekel, lamun aya saurang naekeun harga, pasti kabeh milu naek...
Kumaha nasib kuring nu panghasilan ngan saukur pas jeung harga "NORMAL"? Atuh puguh we loba gegetun, lantaran loba tekorna, meuli nanaon kudu nombokan, katambah karek kamari disiksa batin ku biaya sakola barudak nu sarua EDAN na...
Sakapeung jadi heran sorangan, DIMANA PIHAK PAMARENTAH NU BOGA WENANG NGATUR TEH? NGAJAREDOG WAE TAH...

Tapi keun wae, sanajan kukulutus ge, kuring mah ikhlas, kuring mah ridho lillahi ta'ala, asal aya we duit keur meuli jeung mayarna. Inget ka ucapan kolot, cenah mah kieu: "Alloh mah moal mere cobaan ngaleuwihan tina kamampuan umatna", jadi sanajan ayeuna kuring ngarasa kasusahan, itu kurang ieu teu mahi, tapi kuring tetep dina kayakinan, lamun kuring bisa ngaliwatan sagala kasusahan, asal tetep diusahakeun jeung diperjuangkeun


kukulutus: ari rek nuliskeun "ngado'a", "Sholat" jeung "ibadah" mah bisi disebut RIA alias PAMER ku AMALAN, kaasup dosa eta teh, INGET! ibadah mah urusan pribadi jeung gusti Alloh, teu kudu batur milu nyaho, lantaran apanan cenah, lamun leungeun katuhu nyieun kahadean, leungen kenca ge ulah nyahoeun, KOMO BATUR!!!
Conto RIA dina ibadah:
1. Naek haji ambek lamun teu disebut HAJI.
2. ieu nu keur jadi "tren": Teu weleh nulis Status Update dina Jejaring Sosial, lamun manehna rek Sholat, keur puasa, geus mayar Zakat, jeung ibadah nu sejenna.
3. Lamun nyumbang hayang disebut ngaranna.
4. jeung sejen-sejenna.

Geus jadi tradisi oge, lamun sapoe samemeh puasa, disebut poe-an "Munggah", jelema loba nu geus salah harti kana poe-an Munggah.
Ari ceuk kuring mah, maknana Munggah teh, ngabageakeun Bulan Romadhon, kalayan hate anu ikhlas, Ridho jeung pinuh ku kabungahan, lantaran rek nyanghareupan bulan anu suci, bulan dimana kasempetan mersihan dosa, nyambungkeun tali silaturahmi, jeung kasempetan ngalatih diri, hirup basajan, teu sagala dihakan...
Tapi kanyataanna, "Munggah" teh geus leungit makna nu diluhur, nu aya ayeuna teh siga hiji kawajiban, keur umat Islam (khususna urang Sunda, da di kabudayaan sejen mah, kuring teu nyaho aya henteuna tradisi "MUNGGAH") pikeun ngaayakeun hal nu kaleuwihan, contona ku masak dadahareun nu "mewah", nu biasana mah tara-tara acan eta teh masak model kitu dina sapopoena. Bari jeung kutuk gendeng, pajar teh cenah harga daging hayam jadi naek 2 kali lipet, atuh nu tungtungna "Munggah" teh kuduna mah dilakonan kalayan kaikhlasan jadi dilakonan kalayan kukulutusan...

Keur kuring pribadi mah, paduli teuing harga daging naek 1000 kali lipet ge, da kuring mah sapopoe jarang-jarang dahar daging, malah bisa disebut sakali sabulan ge geus mineng teuing. Kahayang mah cik atuh harga bahan poko nu sejenna mah teu kudu milu naek, misalna harga beas, minyak, jeung Bungbu... matak koceak dengek lamun ngadenge harga beas naek (sanajan sabenerna mah kuring teu beuki dahar beas, beukina sangu).

Tapi sakali deui, keun wae ah, nu penting mah kuring bisa ngucap Alhamdulillah ya Alloh, sim kuring bisa panggih deui jeung bulan anu suci ditaun ieu... mudah-mudahan sim kuring bisa panggih deui jeung bulan suci ditaun taun nu bakal datang... aamiin...

MARHABAN YAA RAMADHAN!