Rabu, 18 Juli 2012

Marhaban Yaa Ramadhan!

Wilujeng sumping sasih Ramadhan!
Bulan nu pinuh ku berkah, rohmat sareng panghampura...
Bulan dimana umat Islam khususna, ngalatih diri, nahan hawa nafsuna.
Bulan dimana umat Islam khususna, ningkatkeun kaimanan jeung kataqwaan.
Bulan anu Suci, Bulan pangampunan dosa - dosa...

Bulan dimana loba nu dagang pepetasan, nu matak ngabahayakeun jeung ngagandengan...
Bulan dimana loba nu puasa tapi dahar saurna jam 8 isuk-isuk, ngabatalanna jam 12 beurang.
Bulan dimana loba sinden dangdut nu biasana make cangcut hungkul, ngadadak make jilbab jeung ngahaleuang tembang Qasidah.

ngan nu paling matak seueul kanu angen mah:
BULAN DIMANA HARGA SEMBAKO NARAEK NEPIKA 100%
BULAN DIMANA LOBA NU DAGANG PAHEULA HEULA NGAGUNDUKEUN BARANG DAGANGANNA, PAJAR TEH "KELANGKAAN BARANG".
BULAN DIMANA LOBA NU DARAGANG NGADADAK SARAKAH, NGAMANFAATKEUN KASEMPETAN, ABONG LOBA NU BUTUH, MATOK HARGA TEH SAKAREPNA.

Siga nu geus jadi kabiasaan jeung tradisi, lamun nyanghareupan Bulan puasa Romadhon teh, komo dina waktu Munggah Puasa (poean munggaran Bulan puasa), sagala harga bahan poko teh ting terekel, lamun aya saurang naekeun harga, pasti kabeh milu naek...
Kumaha nasib kuring nu panghasilan ngan saukur pas jeung harga "NORMAL"? Atuh puguh we loba gegetun, lantaran loba tekorna, meuli nanaon kudu nombokan, katambah karek kamari disiksa batin ku biaya sakola barudak nu sarua EDAN na...
Sakapeung jadi heran sorangan, DIMANA PIHAK PAMARENTAH NU BOGA WENANG NGATUR TEH? NGAJAREDOG WAE TAH...

Tapi keun wae, sanajan kukulutus ge, kuring mah ikhlas, kuring mah ridho lillahi ta'ala, asal aya we duit keur meuli jeung mayarna. Inget ka ucapan kolot, cenah mah kieu: "Alloh mah moal mere cobaan ngaleuwihan tina kamampuan umatna", jadi sanajan ayeuna kuring ngarasa kasusahan, itu kurang ieu teu mahi, tapi kuring tetep dina kayakinan, lamun kuring bisa ngaliwatan sagala kasusahan, asal tetep diusahakeun jeung diperjuangkeun


kukulutus: ari rek nuliskeun "ngado'a", "Sholat" jeung "ibadah" mah bisi disebut RIA alias PAMER ku AMALAN, kaasup dosa eta teh, INGET! ibadah mah urusan pribadi jeung gusti Alloh, teu kudu batur milu nyaho, lantaran apanan cenah, lamun leungeun katuhu nyieun kahadean, leungen kenca ge ulah nyahoeun, KOMO BATUR!!!
Conto RIA dina ibadah:
1. Naek haji ambek lamun teu disebut HAJI.
2. ieu nu keur jadi "tren": Teu weleh nulis Status Update dina Jejaring Sosial, lamun manehna rek Sholat, keur puasa, geus mayar Zakat, jeung ibadah nu sejenna.
3. Lamun nyumbang hayang disebut ngaranna.
4. jeung sejen-sejenna.

Geus jadi tradisi oge, lamun sapoe samemeh puasa, disebut poe-an "Munggah", jelema loba nu geus salah harti kana poe-an Munggah.
Ari ceuk kuring mah, maknana Munggah teh, ngabageakeun Bulan Romadhon, kalayan hate anu ikhlas, Ridho jeung pinuh ku kabungahan, lantaran rek nyanghareupan bulan anu suci, bulan dimana kasempetan mersihan dosa, nyambungkeun tali silaturahmi, jeung kasempetan ngalatih diri, hirup basajan, teu sagala dihakan...
Tapi kanyataanna, "Munggah" teh geus leungit makna nu diluhur, nu aya ayeuna teh siga hiji kawajiban, keur umat Islam (khususna urang Sunda, da di kabudayaan sejen mah, kuring teu nyaho aya henteuna tradisi "MUNGGAH") pikeun ngaayakeun hal nu kaleuwihan, contona ku masak dadahareun nu "mewah", nu biasana mah tara-tara acan eta teh masak model kitu dina sapopoena. Bari jeung kutuk gendeng, pajar teh cenah harga daging hayam jadi naek 2 kali lipet, atuh nu tungtungna "Munggah" teh kuduna mah dilakonan kalayan kaikhlasan jadi dilakonan kalayan kukulutusan...

Keur kuring pribadi mah, paduli teuing harga daging naek 1000 kali lipet ge, da kuring mah sapopoe jarang-jarang dahar daging, malah bisa disebut sakali sabulan ge geus mineng teuing. Kahayang mah cik atuh harga bahan poko nu sejenna mah teu kudu milu naek, misalna harga beas, minyak, jeung Bungbu... matak koceak dengek lamun ngadenge harga beas naek (sanajan sabenerna mah kuring teu beuki dahar beas, beukina sangu).

Tapi sakali deui, keun wae ah, nu penting mah kuring bisa ngucap Alhamdulillah ya Alloh, sim kuring bisa panggih deui jeung bulan anu suci ditaun ieu... mudah-mudahan sim kuring bisa panggih deui jeung bulan suci ditaun taun nu bakal datang... aamiin...

MARHABAN YAA RAMADHAN!

Tidak ada komentar :

Posting Komentar

Mangga serat komentar, kritik sareng saran, syaratna anu sopan, bahasa anu merenah, sareng ngangge etika.
Seratan anu ku sim kuring dianggap teu luyu sareng syarat eta, hapunten pisan, ku sim kuring langsung dihapus. Hatur Nuhun. :)