Rabu, 26 September 2018

Pasea


Sato mah memang sato, ngan boga naluri, saeutik nu boga akal. Beda jeung jelema, anu sampurna, anu dibere nafsu, akal jeung akidah.
Ngan teu saeutik manusa anu hirupna ngan saukur ngagugu nafsu, teu make akal jeung pikiranna, hirup sangeunahna, teu mikiran batur jeung hayang meunang sorangan. Anu penting kuring senang, paduli teuing batur sangsara ku kalakuanna.
Manusa model kieu anu luas maling, wani nyiksa atawa tega maehan anu sejen. Kalakuan kieu teh sakapeung mah sok asa leuwih hina tibatan anjing. Anjing mah maling dahareun, tara bari maehan anu bogana lamun kapanggih, lamun zinah heug reuneuh tuluy ngajuru, anakna tara dipiceun ka walungan. Anjing mah lamun dilatih bener-bener, bisa nurut, daek hirup babarengan, tong boro sifatna jeung sarua anjing, dalah eujeung ucing oge anu bisa disebut musuh gerotna oge daekeun.

Loba kolot anu ngantep anakna robah sikep jadi jahat, boh tina omongan atawa tina kalakuan, lantaran dianggapna saukur bangor biasa, padahal eta teh bibit tina kajahatan anu leuwih gede. Contona, ngomong kasar ka kolot, ka babaturan atawa ka deungeun-deungeun. Basa nu dipake teh jauh tina adab, ngucapkeun "Anjing", "Goblog" jeung sajabana teh meni hampang, jiga nu euweuh beungbeurat dina letahna. Tuluy ngalakukeun kajahatan leuleutikan, ti mimiti nyoret-nyoret tembok batur ku cet semprot, maling barang babaturan, atawa ngabohong. Lila lila eta budak wani ngalakukeun zinah, mabok, nyiksa budak batur nepi ka nandasa.

Naha ieu teh awal tina hiji evolusi manusa jadi sato? Na'udzubillah...